Ye Tiao, Teluk Weh, Pu Lei, Beja ti Utusan Dinasti Han Ngeunaan Pulo Jawa Beulah Kulon

7 Maret 2023, 12:53 WIB
Patilasan di Ciamis. Iber ngeunaan kaayaan Pulo Jawa bagian kulon ditepikeun ku urang Cina utusan raja DInasti Han.Ye Tiao, Teluk Weh, Pu Lei. /Nanang S/Galura

GALURA -AYA hiji nagara, rajana Ye Tiao jeung ngaran nagarana Tiao Pien, puseur karajaanana Ko Ying, pernahna di Teluk Weh di deukeut Pu Lei. Kitu ceuk urang Cina kira-kira taun 100-200 Masehi, utusan panguasa Cina ti Dinasti Han.

Anu dimaksud Ye Tiao teh Aki Tirem atawa Aji Tirem; Tiao Pien hartina nagara Tirem; Ki Ying hartina kota perak atawa Rajata-pura; Teluk Weh maksudna Teluk Sunda; ari Pu Lei taya lian ti Pulo Merapi anu ayeuna disebut Gunung Krakatau.

Panguasa Cina ti Dinasti Han, dina ahi-ahir kakawasaanana ngirimkeun kapal-kapal perang jeung bajo (rampog di laut) ka Nusantara. Kapal perang Cina anjog ka Salaka nu dipingpin ku Aki Tirem nu ku urang Cina disebut Ye Tiao, pernahna deukeut Teluh Sunda (Teluk Weh) nu teu jauh jeung Gunung Krakatau (Pu Lei).

Baca Juga: Citarum Tempatna Nguniangna Peradaban Sunda jeung Ngadegna Karajaan Tarumanagara

Waktu ka Salaka kapal perang jeung bajo Cina dibantuan ku urang India nu ngahiji pedah ngagem agama nu loba saruana. Jadi nu ka Salaka lain urang Cina wungkul, tapi oge jeung urang India.

Aki Tirem teu cicingeun. Angkatan lautna dikeprik sina nyanghareupan kapal perang jeung bajo Cina katut India. Hasilna, kapal perang Cina jeung India, pon kitu deui ba¬jona teu mangga pulia ngalawan pasukan laut Aki Tirem.

Najan boga angkatan laut nu kuat tepi ka bisa ngaburakrakeun armada kapal perang Cina jeung India, Aki Tirem teu miharep kajadian deui peperangan.

Ku kituna, taun 130 M Aki Tirem ngirimkeun utusan dagangna ka karajaan Cina. Hasilna, wewengkon Salaka teu diganggu deui ku kapal perang jeung bajo Cina sarta hubungan dagang jeung Cina lungsur-langsar.

Baca Juga: Bewara tina Pantun Bogor: Agama Raja Sunda teh Agama Sunda

Kituna teh teu lumangsung lila. Jaman Raja Salaka III, taun 238 M kapal perang jeung bajo Cina ngahurup deui Salaka. Angkutan laut Salaka kalayan teuneung leudeung ngalawan tepi ka kapal perang jeung bajo Cina teu nyesa hiji-hji acan.

Raja Salaka III ngirimkeun deui utusanana ka Cina keur leuwih ngaraketkeun hubungan dagang. Sigana bajo laut Cina keukeuh hayang ngawasa jalur perdagangan di Selat Sunda.

Jaman Raja Salaka IV, kapal perang jeung bajo Cina nyoba-nyoba ngarurug deui Salaka. Kajadian deui peperangan di laut. Dina eta peperangan, Raja Salaka IV palastra, tapi kapal-kapal perang jeung bajo Cina bisa diancurkeun.

Peperangan urang Sunda jeung kapal perang katut bajo Cina terus lumangsung tepi ka jaman Karajaan Tarumanagara nu ku urang Cina disebut Tolomo.

Baca Juga: Harti Sunda dumasar Pantun Bogor: Suci, Nyampurnakeun

Rajana, Purnawarman nu asalna ti Karajaan Sembawa nu puseur karajaanana di Sun¬da¬pura di wewengkon Citarum kudu meresihan lautna tina gangguan bangsa deungeun.

Taun 399, kapal perang jeung bajo laut Cina beuki meuweuh ti mimiti di Laut Cina Kidul, Laut Sunda, Laut Jawa, Selat Malaka, tepi ka Samudra Hindia.

Taya nu wanieun balayar ka eta wewengkon. Bajo teh kacida pisan telenges jeung kejemna. Kapal nu balayar ka dinya dirampog, nu mawana dipateni, kapal jeung barangna dirampas.

Salahsaurang menteri karajaan Tarumanagara jeung rombonganana nu keur balayar oge diserang jeung kabehanana dipateni. Purnawarman teu cicingeun.

Baca Juga: Anis Jatisunda: Dina Agama Sunda Pajajaran Aya Sadat Sunda

Dipingpin langsung ku Purnawarman, kapal-kapal perang Tarumanagara ngabeledig kapal pe¬rang jeung bajo Cina. Nu munggaran diberesihan teh laut di Ujungkulon.

Purnawarman saterusna ngangkat salahsahiji pamanna jadi Panglima Angkatan Laut Tarumanagara.

Tugasna teh kawilang beurat ngamankeun laut nu lain ngan ukur di lelewek Ujung Kulon, Laut Sunda, Laut Jawa wungkul, tapi oge laut nu aya di wewengkon Asia Tenggara ayeuna. Jadi, merelukeun angkatan laut nu kuat.

Panglima Angkutan Laut Tarumanagara teh kudu ngamankeun jalur dagang dunya di sapanjang laut ti mimiti Tarumanagara tepi ka Semenanjung Mendini (Malaya, Lingga, Bangka, Belitung), Syangka (Siam), Yawana (Kamboja), Campa (Anam, Vietnam), Bakulapura (Kalimantan Timur), karajaan-karajaan Sumatera, Cambay (India) jeung nagri Cina.

Baca Juga: Palabuan-Palabuanna Ngarangrangan, Karajaan Sunda Jadi Hengker

Tarekah Purnawarman aya hasilna. Taun 449 M, Kaisar Cina, Liu Sung, ngirimkeun utusan resmina sina natamu ka Karajaan Tarumanagara.

Utusan Kaisar Liu Sung teh minangka utusan munggaran ka Nusantara. Pangna nu pangheulana dituju Tarumanagara, sigana dumeh Tarumanagara mampu ngamankeun laut jalur dagang internasional.

Awal abad ka-5, hubungan dagang antara karajaan di Nusantara jeung nagri Cina katut nagara-nagara sejenna mimiti normal. Henteu diganggu ku bajo laut jeung kapal perang Cina.

Kaisar Cina nempatkeun wakil dagangna (konsulat dagang) di Sumatera, Semenanjung Malaya, Kalimantan Barat jeung Kalimantan Utara.

Najan kitu ari gangguan bajo laut Cina mah masih keneh aya, henteu leungit pisan. Taun 565 M Raja Tarumanagara, Kretawarman, ngirimkeun utusan dagang ka nagri Cina.

Di tengah Laut Cina Kidul, kapal rombongan teh dipegat ku bajo laut Cina, tapi bisa diungkulan sarta rombongan bisa neruskeun balayarna ka nagri Cina.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler