Istana Cipanas, Baheulana Mah Pangreureuhan Gubernur Jenderal Hindia Belanda

16 Februari 2023, 15:00 WIB
Istana Cipanas, minangka istana kapresidenan di Desa/Kacamatan Cipanas, Kabupaten Cianjur./Istimewa /

GALURA - Istana Cipanas minangka Istana Kepresidenan nu perenahna di suku Gunung Gede, Jawa Barat.

Lokasina Istana Cipanas leuwih kurang 103 km ti Jakarta ka arah Bandung liwat Puncak, perenahna di Desa Cipanas, Kacamatan Cipanas, Kabupaten Cianjur.

Istana Cipanas aya dina lahan nu legana kira 26 hektar, tur wangunan mah kira 7.760 m2.

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Sabudeureunana dipelakan tutuwuhan, dikebonan sarta taman nu asri.

Ieu kawasan dingaranan Cipanas sabab di eta tempat aya sumber cai panas nu ngandung walirang, nu kabeneran aya di lingkungan Kompleks Istana Cipanas.

Ti heula, wangunan induk istana teh bogana tuan tanah Belanda nu diwangun taun 1740.

Baca Juga: Perkedel Bondon, Batagor Hanjuang Astina jeung Bubur Ayam Bejo Kosambi, Tilu Wisata Kuliner di Bandung

Saprak pamarentahan Gubernur Jenderal Gustaaf Willem Baron van Imhoff, ieu wangunan dijadikeun pangreureuhan Gubernur Jenderal Hindia Belanda.

Sedengkeun mangsa Jepang mah dijadikeun oge pangreureuhan gegeden Jepang sabot perjalanan ti Jakarta ka Bandung, atawa sabalikna.

Sababaraha wangunan nu aya di Kompleks Istana Cipanas teh antarana Paviliun Yudhistira, Paviliun Bima, katut Paviliun Arjuna nu ngeureuyeuh diwangun taun 1916.

Baca Juga: Endog Lewo Kuliner Has Garut, nu Mimiti Nyieunna Haji Amin Urang Kampung Lewo, Sangkan Sampeu Teu Mubadir

Ngaran eta paviliun beunang Presiden Sukarno sabada Indonesia merdeka.

Di bagean tukang rada ngaler aya Gedong Bentol nu diwangun taun 1954. Anapon wangunan nu kawilang anyar mah Paviliun Nakula tur Sadewa, nu diwangun taun 1983.

Sabada kamerdekaan, peristiwa penting nu kungsi kajadian di Istana Cipanas nyaeta lumangsungna sidang kabinet nu dipingpin Presiden Sukarno ping 13 Desember 1965, nu netepkeun parobahan harga duit ti Rp 1.000,- jadi Rp 1,-.

Baca Juga: Burayot atawa Ngaburayot, Kuliner Amis Has Garut nu Wangunna Kawas 'Taeun', Kieu Cara Nyieunna

Sakur rohangan di Istana Cipanas dilengkepan ku parabot tina kai. Aya rupaning koleksi ukiran Jepara, katut lukisan karya maestro seni lukis Indonesia saperti Basuki Abdullah, Dullah, Sujoyono, jeung Lee Man Fong. ***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler