Palabuan Sunda Kalapa, Kecap Kalapa asalna tina Karapa, Ngaran Wewengkon di Suku Maya

30 Januari 2023, 12:00 WIB
Palabuan Sunda Kalapa di Jakarta, kecap kalapa asalna tina Karapa.* / /

GALURA -Ceuk sakaol, Palabuan Sunda Kalapa di Jakarta geus aya ti abad ka-5, ti jaman Tarumanagara.

Jaman Karajaan Sunda-Galuh nu puseur pamarentahanaan di Pakuan Pajajaran, Palabuan Sunda Kalapa teh palabuan nu kawilang badag jeung rame.

Di Palabuan Sunda Kalapa larsup kapal-kapal ti Nusantara jeung ti mancanagara. Dina jamanna Palabuan Sunda Kalapa, kaasup palabuan nu penting.

Eta sababna Cirebon dibantuan ku Demak ngarebut Palabuan Sunda Kalapa ti Pajajaran.

Baca Juga: Agama Sunda, Ceuk Pantun Bogor, Geus Aya Jauh Samemeh Urang India Daratang ka Nusantara

Naha dingaranan Palabuan Sunda Kalapa? Naha pedah di basisirna rajeg tangkal kalapa? Tapi pan di basisir mah umumna loba tangkal kalapa?

Budayawan Betawi, Ridwan Saidi suwargi, ngasongkeun kamandang kecap kalapa asalna ti karapa, ngaran wewengkon nu baheulana pisan kabawah ka seke seler (suku) Maya di Amerika Kidul.

“Suku Maya daratang ka basisir nu saterusna dingaranan Karapa, make kecap Sunda lantaran di dieu beunghar ku, mun ayeuna disebut, potensi alamna, barang tambang,” ceuk Ridwan Saidi.

Sunda téh hartina bodas, taya patalina jeung warna, ieu mah ngalambangkeun kaaayaan Jawa Barat, kaasup dina hal kabatinana.

Baca Juga: Haji Hasan Mustapa (HHM); Birokrat, Sastrawan Sufistik, jeung Ulama “Mahiwal” nu Sosobatan jeung CS Hurgronje

Di India oge di distrik Godavari Wetan, di Andhra Pradesh aya desa nu ngaranna Karapa. Naha ngaran karapa dibawa ku urang India?

Ceuk sakaol Palabuan Sunda Kalapa geus dipake ti jaman Karajaan Tarumanagara, geus aya ti abad ka-5 mula.

Ari Karajaan Tarumanagara apan diadegkeun ku urang India nu ninggalkeun nagarana alatan di nagarana bangreung ku urusan pulitik.

Di Bandung oge aya ngaran tempat nu make kecap kalapa: Kebon Kalapa, nu bareto mah ngaran terminal beus antar kota nu ka kulonkeun.

Ngan meureun di Bandung eta tempat make ngaran Kebon Kalapa pedah di dinya loba tangkal kalaoa.

Sanggeus diadegkeun terminal Leuwipanjang di Kopo, Kebon Kalapa jadi terminal angkot. Beh dieu terminalna dipake bangunan mall: Internatonal Trade Centre (ITC) Kebon Kalapa.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler