Haji Hasan Mustapa; Birokrat, Sastrawan Sufistik, jeung Ulama “Mahiwal” nu Sosobatan jeung Snouck Hurgronje

30 Januari 2023, 10:36 WIB
Haji Hasan Mustapa.* /Dok.Kiblat/

 

 

"Sapanjang néangan kidul, kalér deui kalér deui

Sapanjang néangan wétan, kulon deui kulon deui

Sapanjang néangan aya, euweuh deui euweuh deui

Sapanjang néangan tungtung, kawit deui kawit deui

Sapanjang néangan tengah, sisi deui sisi deui.”

 

(“Puyuh Ngungkung dina Kurung”, dangding Haji Hasan Mustapa)

 

“Ketika saya berjalan-jalan di Bandung, jeung iseng-iseng mengajukan pertanyaan, “Tahu tidak, Penghulu Haji Hasan Mustapa?” pada sekian banyak orang, saya tidak mencatat jumlah persis berapa orang yang saya tanyai, jawabannya selalu berakhir pada nama ruas jalan di Bandung Utara. Yang dimaksud adalah nama lain dari Jalan Suci.

Kitu E Rokajat Asura muka panjajap dina bukuna, Haji Hasan Mustapa, Sufi Besar Tanah Pasundan (Imania, Tangerang Selatan, 2020). Maksudna tangtu pikeun ngayakinkeun nu maca, yén teu sakabeh masarakat terang ka jenenganana Haji Hasan Mustapa.

Tong boro masarakat Indonésia, dalah urang Sundana sorangan ge can tangtu aya nu kungsi wanoh kana jenenganana.

Saha atuh ari Haji Hasan Mustapa (HHM) saéstuna?

Baca Juga: Haji Prawatasari Teureuh Panjalu nu Mimiti Bajuang di Cianjur Mibanda Pasukan nu Bisa Lus-Les Laleungi 

Cover buku

Buku ngeunaan HHM

Mun nilik kana dangding “Puyuh Ngungkung dina Kurung” nu dicutat di luhur, tangtu réa anu apal, atawa saeutikna terang kana rumpakana, najan teu terang kana hartina, da kapan éta rumpaka téh asa geus “loma” tur geus “napel” dina mémori urang Sunda.

Saenyana, buku nu ngaguar kahirupan HHM (jeung karya-karyana) téh, geus kawilang réa, lain baé karya E Rokajat Asura. Utamana anu paling remen dipaké rujukan atawa référénsi, nyaéta karya Ajip Rosidi, Haji Hasan Mustapa jeung Karya-karyana (1989), di sagigireun karya-karya (dangding) HHM anu dikumpulkeun individu katut anu dipedalkeun mangrupa buku, kayaning Gendingan Dangding Sunda Bihari Katut Wirahmana Jilid A: Salinan tina Tapak Lacakna Bagawan Sirna di Rasa Haji Hasan Mustapa (Yayasan Kudjang, 1976), Balé Bandung, Susuratanana H. Hasan Mustapa sareng Kiai Kurdi (Rahmat Cijulang, 1984), 144 Patakonan jeung Jawabna (Rahmat Cijulang, 1984), jeung Seri Guguritan Haji Hasan Mustapa (Kiblat, 2009).

Éta téh henteu kaasup jurnal, makalah, jeung naskah-naskah panalungtikan anu aya pakaitna jeung nulis skripsi, tésis, disertasi, atawa anu dilakukeun ku para sarjana jeung para ahli dumasar sponsor ti proyék penelitian, yayasan, atawa lembaga pamaréntah.

Husus buku beunangna E. Rokajat Asura, leuwih nempatkeun posisi HHM minangka pujangga sufistik, anu sawatara dangdingna diguar kalawan interprétasi nu cerdas, bari diungkabkeunana ku ungkara/kalimah nu henteu matak kerung anu maca. Atuh narjamahkeun dangdingna gé (kana basa Indonésia), “sekalipun (terjemahan ini) tidak memenuhi syarat guru lagu dan guru wilangan, pembaca yang tidak bisa atau tidak terbiasa menggunakan bahasa Sunda tetap dapat menangkap maknanya. (k. 198).

Baca Juga: Agama Sunda, Ceuk Pantun Bogor, Geus Aya Jauh Samemeh Urang India Daratang ka Nusantara 

Ulama linuhung

Haji Hasan Mustapa téh ulama linuhung anu ogé bujangga/sastrawan Sunda anu produktif nulis dangding. Aya 10 rébu pada (bait) dangding anu ditulisna, anu réréana mah leuwih nujul kana dunya sufistik.

Teu matak hémeng mun seug ku sawatara kalangan, HHM disebut haji “mahiwal” (kontrovérsial), lantaran pikiran-pikiranana ngeunaan kaislaman jeung Pangéran atawa Gusti Alloh, séjén ti batur. Éta kagambar oge dina karya-karya dangdingna anu ngagambarkeun anjeunna ngagem ajaran wahdatul wujud, nyaéta ngahijina manusa (kawula) jeung Pangéran (Gusti Alloh).

Gumelar 3 Juni 1852 di Cikajang, Garut, nalika yuswana 9 taun anjeunna ngiring ramana ka Mekah pikeun nyumponan ibadah haji. Tepi ka mangsana sawawa, HHM méakkeun waktuna pikeun nyuprih élmu di sababaraha pondok pasantrén, di Tatar Sunda, Jawa, malah tepi ka Madura. Geus kitu miang deui pikeun nyuprih jeung ngamalkeun élmu di Mekah salila 8 taun.

Baca Juga: Wangunan jeung Banda Cagar Budaya di Sumedang, Perlu Dirumat jeung Dimumule Babarengan ku Balerea

Waktu aya bantrokan paham antara para ulama di Garut, HHM disina mulang ka lemburna pikeun mémérés éta pasualan.

Ti mimiti 1882, HHM ngawulangkeun élmu-élmu agama Islam di Masjid Agung Garut.

Tujuh taun ti harita, anjeunna diajak ngalanglang Pulo Jawa jeung Madura pikeun mantuan pagawéan Christiaan Snouck Hurgronje anu dipikawanohna salila di Tanah Suci, anu tuluyna duanana jadi sosobatan.

Ku usulna Snouck Hurgronje, HHM tuluyna diangkat jadi kapala penghulu (hoofd penghoeloe) di Acéh.

Dua taun ti harita, HHM pindah jadi hoofd penghoeloe di Bandung tepi ka pangsiun tina jabatanana taun 1910-an.

Dangding karya HHM téh di antarana “Puyuh Ngungkung dina Kurung” (anu dangdingna dicutat di awal tulisan), “Hariring nu Hudang Gering”, “Dumuk Suluk Tilas Tepus”, “Sinom Pamaké Nonoman”, “Amis Tiis Pentil Majapait”, “Kinanti Kulu-kulu”, “Sinom Barangtaning Rasa”, “Sinom Wawarian”, “Asmarandana nu Kami” jeung “Dangdanggula Sirna Rasa”.

Liwat karya-karya dangdingna téa HHM ngasongkeun rupa-rupa pikiran, kaasup pikirananana anu nujul kana perkara tasawuf jeung kapangéranan. Kamandangna ngeunaan hubungan manusa jeung Gusti Nu Mahawenang, ku HHM diibaratkeun lir iwung jeung awi, hiji beungkeutan nu teu bisa dipisahkeun.

Ku éta karya-karyana, taun 1977 HHM dilélér Anugerah Seni ti Presidén Républik Indonésia (Soeharto) minangka Sastrawan Daérah Sunda.

Najan geus lila teu aya (tilar 13 Januari 1930), jenengan HHM tepi ka ayeuna nyeungitan Tatar Sunda.

 Baca Juga: Situs Nyi Subang Larang di Nangerang Binong, Subang, Tempat Katimuna Rorongkong Manusa Purba

Haji Hasan Mustapa (HHM).*

Tilu posisi

Buku Haji Hasan Mustapa: Sufi Besar Tanah Pasundan téh ku nu nulisna dibagi jadi dua bagian. Bagian kahiji ngeunaan riwayat hirupna (“Lelakon Hidup Sang Pujangga-Ulama”), sedengkeun bagian kaduana midangkeun “Alunan Dangding Sastrawan-Sufi”.

Dina bagian kahiji, E Rokajat Asura nempatkeun HHM dina tilu posisi: birokrat, ulama, jeung sastrawan. Malah pikeun ngagambarkeun lalampahan HHM mangsa “utrak-atrok” jeung Snouck Hurgronje, E Rokajat Asura nyutat dangding (pupuh pangkur) “Pangkurangna Nya Hidayat”, dumasar tulisan Jajang A. Rohmana dina Tasawuf Sunda dalam Naskah Asmarandana Ngagurit Kaburu Burit, anu dimuat dina Ulumuna, Vol. 17, No. 2, 2013:

 

Terus kikiyaian

Tujuh taun geus kitu indit deui

Disampeur ku Tuan Senuk

Bral atrok-atrokan

Ka Kajawan ka Ponorogo Madiun

Surakarta Adiningrat

Jogja Magelang basisir

 

Teu lila aya di imah

Baik deui nurutkeun pasti Kumpeni

Diangkat jadi panghulu

Ka Acéh ka Sumatra

Henteu lila dipindah deui ka Bandung

Tah ieu loba saksina

Kawantu badag jasmani

(k. 34-35)

 Baca Juga: Ritual Meresihan Barang Pusaka, Jakob Sumardjo: Bisa Jadi Kapangaruhan Budaya Jawa nu Pola Kakawasaanana 5:1

Ari dina bagian kadua, E Rokajat Asura ngaguar jeung narjamahkeun lima karya dangding HHM: “Asmarandana Babalik Pikir”, “Dangdanggula Panorah Rasa”, “Kinanti Ngahurun Balung”, “Magatru Batur-Batur Nu Suluk”, jeung “Pangkur ‘Pangkurangna Nya Hidayat’”.

Sakumaha nu disebutkeun di awal-awal tulisan, guaran/pedaran E Rokajat Asura kana dangding HHM téh, interprétasina kawilang cerdas, tur diungkabkeunana ku kalimah nu henteu matak kerung anu maca. Éstu ngaguluyur, dina basa Indonésia anu teu pati hésé kahartina ku nu maca.

Ku bukuna nu ieu, E Rokajat Asura geus ngawanohkeun HHM ka kalangan anu leuwih lega, lain masarakat Sunda baé tapi ogé masarakat Indonésia.***

 Baca Juga: Putri Anjungsari (13)

 Baca Juga: Dina Film Serial ‘The Last of Us’, Jakarta jadi Sumber Sasalad

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler