Naha Enya nu Sumare di Gunung Babakan Kota Banjar, Adipati Singaperbangsa nu Jeneng di Karawang?

27 Januari 2023, 15:15 WIB
Nu jarah di Situs Singaperbangsa Gunung Babakan Kota Banjar/Galura/Dok Aam PS /

GALURA - Dina tulisan ti heula, judulna "Ngalongok Situs Singaperbangsa di Gunung Babakan Kota Banjar," dijentrekeun yen warga di sabudeureunana rea nu teu apal ngeunaan nu dimakamkeun di situs karamat Singaperbangsa.

Warga ngan apal yen di sisieun jalan Siliwangi, Kota Banjar, aya makam heubeul mangrupa tumpukan batu --tur dikaramatkeun. Ngaranna situs Singaperbangsa.

Tapi maranehna bureng ngeunaan nu Singaperbangsa nu dimakamkeum di eta makam.

Baca Juga: Ngalongok Situs Karamat Singaperbangsa di Gunung Babakan Kota Banjar

"Duka atuh, kirang terang abdi mah. Mung nu jelas, ka ieu makam memang seueur nu jarah," cek Atma, warga nu pareng tepung keur mulungan pangpung.

 

Jadi, saha atuh nu dimakamkeun di situs Gunung Babakan Banjar teh?

Sakali deui, Galura ge can nimu katerangan nu jentre.

Baca Juga: Putri Anjungsari (9)

Ngan najan kitu, mun nurut kana sawatara sumber tina buku, Adipati Singaperbangsa teh Dalem Karawang, ramana Bupati Karawang munggaran nu nyakrawati dina abad XVII, nalika Tatar Sunda aya dina kakawasaan Mataram.

“Urang dieu seueur nu percanten yen nu sumare di ieu makam teh ramana Bupati Karawang,” cek Sapri, bangun anu apal kana sajarah ngeunaan Adipati Singaperbangsa.

Nurutkeun katerangan sejen, Kangjeng Adipati Singaperbangsa nu kenging gelar Adipati Kertabumi III teh bibit buitna ti Kertabumi, Galuh. Anapon Kertabumi, nyaeta karajaan leutik di Tatar Galuh nu puseurna di Cimaragas.

Baca Juga: Ngelehkeun Borneo FC 1-0, Persib Bandung Ngangsrod ka Puncak Klasemen Liga 1, Bobotoh : Luis Milla Hebat!

Awalna, Adipati Singaperbangsa teh kurang dipikawanoh. Ngaran jeung kasaktianna taya nu malire. Ngan sabada Sultan Agung (1613-1645) mekarkeun wilayah kakawasaanna, ngaran Adipati Singaperbangsa mimiti pada ngambeuaan.

Eta teh angot sabada Singaperbangsa diangkat jadi Adipati Kertabumi III mah.

Mingkin kasohor deui eta adipati, nalika Sultan Agung dina taun 1632 nugaskeun Singaperbangsa ngamankeun wewengkon Karawang tina gangguan tentara Banten, sarta hasil ngahalangan serangan Banten.

Baca Juga: Rumpaka atawa Lirik Lagu 'Runtah' ti Doel Sumbang Nu Viral Nepi ka Kiwari

Keur ngajenan jasana, Singaperbangsa diulem ka Mataram geusan nampa pangajen ti Sultan Agung mangrupa keris nu katelah “Karosinjang”, dina taun 1633.

Mulang ti Mataram, Singaperbangsa awitna rek mulang deui ka Karawang. Ngan di satengahing jalan, inyana bet hayang mulang heula ka Kertabumi, Galuh.

Dina emprona, niat Singaperbangsa pikeun mulang deui ka Karawang teh teu ngawujud sabab inyana tilar dunya di Galuh, tur dimakamkeun di Gunung Babakan Kota Banjar ayeuna.

Baca Juga: Kasus Penipuan Di Kuningan, Diajak Gawe Bareng Usaha Catering, 23 Warga Karoroncodan Rp. 3,1 Milyar

Apal Singaperbangsa tilar dunya, Sultan Agung nunjuk putra Singaperbangsa, pikeun jadi Adipati nu meunang jujuluk Adipati Kertabumi IV. Eta putra Singaperbangsa teh diistrenan jadi bupatina ku Sultan Agung dina taun 1633.

Sabada puluhan taun jadi bupati, inyana tilar dunya tur dimakamkeun di Desa Manggung Jaya Kacamatan Cilamaya, Karawang.

Ngan, naha enya Singaperbangsa nu sumare di Gunung Babakan teh ramana Bupati Karawang munggaran? Walohualam bissawab.

Baca Juga: Mabokuy, Momones Anyar Ti Rajadesa, Ciamis, Mucunghul tina Jiwa Seni Warga nu Apal Kana Potensi Desa

Ongkoh tuda nepi ka ayeuna taya bukti otentik nu bisa jadi cekelan yen nu sumare di Gunung Babakan aya kaitanna jeung Singaperbangsa nu boga ngaran gede di Karawang.***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler