Ceuk kaol (versi) sejenna, Sunan Pada teh seuweuna Raden Meumeut atawa Raden Cameut alias Raden Ameut. Ngan henteu dijelaskeun saha Raden Meumeut teh.
Sunan Pada kagungan putra Ratu Nyimas Cukang Gedeng Waru (bojona Prabu Geusan Ulun), Nyimas Gedeng Sari, jeung Nyimas Cukang Gedeng Tomo.
Baca Juga: Ceuk Babad Tanah Jawi Nu Ngadegkeun Majapahit teh Putra Padjadjaran
Ceuk "Permunggu Pawenang Wado", Sunan Pada masih keneh boga turunan dua: Pangeran Bangsit jeung Pangeran Raja Kusumah nu henteu disabit lalakon saterusna.
Dina mangsa jumenangna, Pangeran Sunan Aria Pada, diistrenan nyepeng Karajaan Pajajaran, nurut ka gurat indungna kalawan meunang pangakuan ti Raja Pajajaran.
Pangna kitu, sabab luluhurna Pangeran Arya Pada, jelas minangka hiji katurunan langsung ti Raja Pajajaran harita.
Taya katerangan nu jentre naha nu didadarkeun ku almarhum Raden Gumilar teh memang kitu dina kanyataanana, atawa henteu lantaran sumber-sumber primer tacan kapanggih.
Kitu deui bab Sunan Pada jeung Islam. Kumaha inyana nyebarkeun Islamna, ma’rifat jeung naon wae kasumedangan versi inyana, jeung rea-rea deui.
Baca Juga: Bupati Ciamis Masrahkeun Bantuan keur Korban Angin Lilimbungan di Panawangan
Galura, nalika jarah sawatara waktu ka tukang, satadina hayang meunang katerangan oge ti juru kuncina. Hanjakalna, juru kuncina, teu nyampak, keur suwung, keur nyaba.