Bupati Bandung Rembug Bedas di Tilu Desa Masrahkeun Bantuan keur Nganggeuskeun Lapang jeung keur Ambulan

6 Oktober 2023, 06:00 WIB
Bupati Bandung dibarengan para kepala OPD ngalakukeun Rembug Bedas di tilu Desa, Kemis (5/10/2023). /Sopandi/galura.co.id

GALURA. CO.ID- Bupati Bandung, Dadang Supriatna ngalaksanakeun Rembug Bedas di tilu desa; Desa Nagreg Kecamatan Nagreg, Desa Waluya Kecamatan Cicalengka, jeung Kelurahan Rancaekek Kencana Kecamatan Rancaekek, Kemis (05/10/2023).

Dadang Supriatna balaka, inyana jeung rèngrèngan Organisasi Perangkat Daerah (OPD) Kabupaten Bandung turun ka lapangan hayang nitènan langsung kaayaan nu kaalaman ku masarakat.

Di Desa Nagreg Dadang Supriatna masrahkeun bantuan Rp100 juta keur pangwangunan lapangan Desa Nagreg nu katitèn can rèngsè

Baca Juga: Bupati Bandung Ngukuhkeun Kampung Siaga Bencana: Urang Kudu Siap Nyanghareupan Bencana

Dadang Supriatna ogè ngèlingan ka aparatur desa, Ketua RW, jeung Ketua RT, dirina embung ngadèngè aya warga nu kalaparan sabab teu boga pangan atawa sembako.

"Ka kepala desa mugi nyayagikeun kaperyogian pangan di saban desa ngalangkungan musawarah desa (musdes). Di sabam desa tiasa nyiapkeun sakirangna sakuintal beas atanapi sembako," ceuk Bupati Bandung.

Dadang Supriatna ogè ngaapresiasi antusias masarakat nu milu program Besti (Beasiswa ti Bupati). Dina taun 2022, ceuk Dadang aya 1.228 urang nu daftar program Besti, tapi nu ditarima ngan 80 urang kalawan anggaran Rp4 miliar.

Dina taun 2023 kana 3.101 urang nu daftar, nu ditarima 125 urang kalawan anggaran Rp 5 miliar.

Baca Juga: Nyangku taun 2023, Wisata Budaya di Ciamis, Aya Atraksi Debus

"Dina taun 2024, program Besti disiapkeun kanggo 250 urang sareng ditambihan 50 urang kanggo para ustad ustadzah nu palay neraskeun kuliah," ceuk Dadang Supriatna.

Di Desa Waluya Kecamatan Cicalengka, Dadang Supriatna ngingetan pejabat Kepala Desa Waluya sangkan ngalaksanakeun jangji politik kepala desa samèmèhna nu tilar dunya.

"Kanggo ngawujudkeun jangjii politik èta tiasa dibadantenkeun ngalangkungan musawarah desa,," pokna.

Dadang Supriatna dina kasempetan èta ogè masrahkeunn bantuan Rp150 juta keur mobil ambulans Desa Waluya

Di Kelurahan Kencana, Dadang Supriatna ngingetan warga sangkan Pemilu Serentak dina tanggal 14 Februari 2024 tetep kondusif. Malah aya wacana Pilkada 2024 dimajukeun ka bulan September 2024,  samèmèhna direncanakeun November 2024.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler