Bupati Bandung Ngukuhkeun Kampung Siaga Bencana: Urang Kudu Siap Nyanghareupan Bencana

- 5 Oktober 2023, 17:20 WIB
Bupati Bandung Ngukuhkeun Kampung Siaga Bencana di Desa Nagreg Kenda, Kecamatan Nagreg, Kemis, 5 Oktober 2023.
Bupati Bandung Ngukuhkeun Kampung Siaga Bencana di Desa Nagreg Kenda, Kecamatan Nagreg, Kemis, 5 Oktober 2023. /Sopandi/Galura.co.id

GALURA.CO.ID- Apel kasiapsiagaan jeung dikukuhkeunana pangurus Kampung Siaga Bencana (KSB) Kecamatan Nagreg jeung Kecamatan Pasirjambu dilaksanakeun di lapangan Desa Nagreg Kendan, Kecamatan Nagreg, Kabupaten Bandung, Kemis (05/10/2023).

Dina ieu apel digelar simulasi ngungkulan bencana alam, lini, caah, urug, kahuruan, katut angin lilimbungan. Apel ngaubkeun para pelajar ti TK, SMP, jeung SMA, masarakat, Taruna Siaga Bencana katut pihak lianna.

Kepala Dinas Sosial Kabupaten Bandung Indra Respati, rèngrèngan Organisasi Perangkat Daerah (OPD), wawakil Forkopimda Kabupaten Bandung jeung wawakil Kementerian Sosial RI, katut Forkopimcam Nagreg.

Baca Juga: Nyangku taun 2023, Wisata Budaya di Ciamis, Aya Atraksi Debus

Bupati Bandung nètèlakeun, najan bencana teu dipikahayang tapi mun ditakdirkeun tumiba kudu dicokot hikmahna  tepi kaa hareupna bisa leuwih siaga nyanghareupanana.

"Sanaos nu namina bencana tèh takdir sareng katangtosan Allah, tapi urang dipaparinan amanah kedah siap mun aya bencana," ceuk Dadang Supriatna.

Dadang Supriatna nganuhunkeun ka Direktoral Jenderal Perlindungan dan Jaminan Sosial Kementerian Sosial RI nu ngarojong ngawujudna Kampung Bedas Siaga Bencana di Desa Nagreg Kendan, Kecamatan Nagreg jeung Desa Tenjolaya, Kecamatan Pasirjambu, Kabupaten Bandung.

"Dikukuhkeunana Kampung Bedas Siaga Bencana  lengkah nyata  tarèkah antisipasi bencana, margi bencana teu tiasa diungkulan ukur ku pamarèntah, tapi ngaubkeun sakumna unsur masarakat, tur program sareng skema pentahelik," ceuk Dadang Supriatna.

Kampung Siga Bencana dipiharep  bisa ngajurung masarakat sacara wijaksana ngaluyukeun jeung parobahan iklim. Inyana ogè miharep ka masarakat nu ngarandapan kakurangan atawa rawan cai beresih pikeun sagancangna ngalaporkeun ka pamarèntah satempat.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x