Khansa Syahla Aliyah: ’Bandera Merah Putih nu Ngelebet di Ponclot Gunung Elbrus, Hiber Kabawa Angin’

29 Agustus 2023, 18:06 WIB
Khansa Syahla Aliyah jadi narasumber dina kagiatan 'Journalist Camp PRMN x Eiger' di Sari Ater Campervan Park, Subang, 24 Agustus 2023.* /PRMN/

GALURA - Kemis, 24 Agustus 2023, liwat Magrib. Anu dianti-anti ti beurang kénéh, can embol-embol kénéh baé. Enya, dianti-anti ti beurang kénéh, lantaran kuduna mah inyana téh ngeusi sesi nu kadua, beurang tadi. Ngan ku lantaran didugdag ti Jakarta, nunggu balik sakola, nya waktu pikeun inyana ditempatkeun dina sesi ka-4, sesi nu pamungkas, kira-kira pk. 19.00 WIB.

Enya baé, satutas salat Magrib jeung balakécrakan (makan malam), nu dianti-anti téh norojol ka tempat kagiatan Journalist Camp PRMN x Eiger di Sari Ater Campervan Park, Subang, Jawa Barat.

Horéng budak rumaja, inyana téh. Umurna karék 17 taun. Sakolana gé deuih karék kelas XII (kelas 3 SMA). Ngaran lengkepna, Khansa Syahla Aliyah.

Baca Juga: Deni Yudiawan, Ngungkab Fenomena Masarakat Sabada Sasalad Covid-19

Tuluy, naon istiméwana atuh inyana bet diogan kana éta kagiatan anu diayakeun ku Pikiran Rakyat Media Network (PRMN) jeung Eiger?

Sarta, naon istiméwana inyana bet sina cacarita medar masalah pabekelan jeung lalampahan alam bébas pikeun nu nganyaran jadi pendaki gunung?

 

Micinta alam ti bubudak

Khansa Syahla Aliyah anu gumelar di Jakarta, 16 Maret 2006 téh, kasebutna pendaki gunung termuda di Indonesia. Ieu Brand Ambassador Eiger Adventure nu kakara nincak di kelas XII SMA Labscool Jakarta téh, geus 83 kali naék gunung. Dua di antarana gunung nu aya di luar nagri, nyaéta Gunung Kilimanjaro di Afrika (2019) jeung Gunung Elbrus, gunung pangluhurna di benua Eropa (2022).

Ku lantaran naék Gunung Kilimanjaro éta, Khansa dilélér  Piagam MURI minangka “pendaki perempuan termuda Indonesia yang mencapai puncak Gunung Kilimanjaro”.

Kiwari, ieu mojang nyari tur daréhdéh téh keur nuluykeun program "The 7 Longest Indonesia" (7 jalur pendakian gunung pangpanjangna di Indonesia). Genep ti 7 jalur anu jadi target geus disorang ku Khansa, nyaéta Gunung Leuser (Aceh), Gunung Argopuro (Jawa Timur), Gunung Gandang Dewata (Sulawesi Barat), Gunung Patah (Bengkulu), Gunung Kabentonu (Luwu Utara), jeung Gunung Sangar (Lombok).

Resep naék turun gunung, ceuk Khansa, dimimitian ti keur umurna 5 taun kénéh. Mimiti pisan naék téh ka Gunung Bromo di Jawa Timur.

Baca Juga: Tas Ransel Multifungsi, Inovasi Eiger anu Kainspirasi ku Kaarifan Lokal

“Gunung Bromo téh memang gunung wisata, tapi pikeun abdi umur 5 taun kalebet challenging pisan, margi karaos tiris naker, sareng luhur deuih… Tapi pas dugi ka ponclotna, asa resep wé ningal kaéndahan alam ti ponclot. Ti dinya abdi ngawitan resep ka gunung,” ceuk Khansa dina sora nu polos némbongkeun karumajaanana.

Dina umur 7 taun, Khansa diajak ku bapana naék Gunung Rinjani. Ngahaja henteu tepi ka ponclot (puncak)-na, cenah, supaya aya rasa panasaran pikeun engké mun balik deui ka dinya bisa naék tepi ka ponclotna.

Taun 2012, di bioskop diputer film 5 Cm, karya sutradara Rizal Mantovani. Éta film nyaritakeun impian jeung tantangan 5 rumaja anu sosobatan. Meneran 17 Agustus, maranéhna ngayakeun lalampahan ka ponclot Gunung Semeru, gunung pangluhurna di Pulo Jawa (3.676 mdpl). Hiji lalampahan anu pinuh ku perjuangan pikeun ngélébétkeun bandéra Merah-Putih di ponclot Semeru, ngajadikeun maranéhna mingkin micinta Indonesia. Perjuangan pikeun ngawujudkeun impian.

Baca Juga: Galih Donikara: ‘Liputan di Alam Bebas kudu Siap Sagala Rupana’

Éta film anu diaktoran ku Pevita Pearce, Herjunot Ali, Fedi Nuril, Igor Saykoji, Raline Shah, jeung Denny Sumargo téh mungguh jadi inspirasi pikeun Khansa pikeun tuluy mikaresep jeung micinta gunung.

“Tina film éta abdi jadi kabita ogé kanggo naék Gunung Semeru. Ahirna abdi sasanggem ka Ayah supados diwidian naék Semeru. Harita Ayah maparin dua syarat, sok baé ka gunung tapi nilai pelajaran kedah saé, ogé kedah aya persiapan anu leres-leres asak,” ceuk ieu 7 sumitters wanoja pangngorana sa-Indonesia satutas naék ka ponclot Carstensz Pyramide 4.884 mdpl (7 ponclot pangluhurna di Indonesia) dina taun 2017 téh.

Anu dimaksud “Ayah” ku Khansa téh taya lian bapana, Aulia Ibnu, anu ngajarkeun inyana micinta alam ti bubudak.

Alhamdulillah, cenah, nilai pelajaran di sakolana tara nguciwakeun. Jadi, boh bapana boh biangna ngarojong pisan kana karep jeung minat Khansa jadi pendaki gunung. Komo kapan bapa jeung biangna téh resep pisan ka alam, resep naék gunung ogé, jadi teu ngahalang-halang kana karep nu jadi anak.

Baca Juga: Viral Video Fuji Utami Marah-marah, Ternyata Kabar Bahagia Pindah Lapak ke Shopee Live karena Banyak Diskon!

Iwal ti éta, aya nu kudu disiapkeun enya-enya pikeun naék gunung, teu saukur mikaresep wungkul. Hal éta pisan anu teu weléh diajarkeun ku bapana ka Khansa. Aya latihan anu kudu dilakukeun sacara mandiri. Ulah langsung ka gunung nu pangluhurna, tapi kudu naék heula ka gunung anu teu luhur-luhur teuing.    

“Upamina badé naék Gunung Gede yeuh, abdi ngusahakeun  latihan heula di Sentul, tracking 7 km. Upami naékna ka Gunung Rinjani, nya latihan di Gunung Gede. Yah, sapertos kitu, lah. Aya Latihan tahap demi tahap.”  

Saterusna, nu kudu disiapkeun deui pikeun naék gunung, nyaéta kudu boga élmu dasar berkegiatan di alam terbuka. Lebah dieu, bapana teu weléh ngabimbing Khansa pikeun mikawanoh gunung-gunung.

Ngulik literatur gunung nu bakal dituju gé, kawilang penting. Upamana mun urang rék naék ka Gunung Merbabu, kudu nyaho luhurna sakumaha, aya sabaraha pos anu diliwatan, ka arah mana baé jalur nu bisa diliwatan, sumber cai (mata air) aya di mana baé, jadi urang nyaho lebah-lebahna. Cohagna, cenah, kudu apal kana situasi jeung kondisi gunung nu jadi tujuan.

Terus ogé latihan fisik, éta penting pisan. Gunana lain baé pikeun nambahan kuatna fisik, tapi ogé ngalatih méntal pikeun siap nyanghareupan pendakian. Iwal ti éta, anu teu kurang pentingna, cenah, perlengkapan jeung logistik. Lebah dieu, perlengkapan anu kudu disiapkeun enya-enya anu luyu jeung kabutuh: tenda, pakéan gunung, sapatu gunung, jrrd, pikeun kaamanan diri.

 Baca Juga: Asisten Kapolri Bidang SDM: Pentingna Polwan Ngawal Pemilu 2024

Merah Putih di ponclot gunung

Aya hiji kajadian anu moal bisa kapopohokeun ku Khansa. Kajadianna mungguh matak baluas, tapi ana diinget-inget deui matak pikaresepeun, pikabungaheun, pagalo jeung kareueus.

Khansa Syahla Aliyah basa ngélébétkeun bandéra Merah di Ponclot Gunung Elbrus, Rusia, 17 Agustus 2022.*

Sataun ka tukang, pancegna 17 Agustus 2022, Khansa jeung bapana geus hasil nalukkeun ekspedisina ka gunung pangluhurna di benua Eropa. Gunung nu dimaksud nyaéta Gunung Elbrus di Rusia, deukeut perbatasan Georgia. Éta gunung téh kaasup 7 ponclot (puncak) pangluhurna di dunya.

“Bingahna, abdi sareng Ayah tiasa ngélébétkeun bandéra Merah Putih di ponclot Gunung Elbrus, meneran kaping 17 Agustus 2022, tabuh 10.45 waktu Rusia. Bingahna binarung reueus, dina pendakian abdi nu harita tos 77 pendakian, meneran pisan lumangsung dina Milangkala ka-77 Republik Indonesia. Éta mangrupi kado ti abdi sareng ti Ayah kanggo Indonesia,” ceuk Khansa Syahla, nyawang sataun ka tukang.

Ngélébétkeun bandéra di ponclot Gunung Elbrus, mungguh henteu mulus. Aya unsur dramatikna. Mungguh kitu nu kaalaman ku Khansa jeung bapana. Kasawang tuda, éta gunung téh luhurna 5.642 mdpl. Beuki luhur, angin beuki tarik pisan, oksigen gé beuki ngipisan. Bandéra Merah Putih anu kakara pisan ditancebkeun di ponclot, atuh hiber kabawa ku angin. Can deuih anginna dibarengan ku salju anu terus-terusan ngeprul murupuy. Suhu harita ngahontal minus 15 darajat. Atuh Khansa gé dijaket tepi ka 5 rangkepna.   

“Persiapan harita, saleresna tos ti taun 2021 kénéh,” pokna.  

Ekspedisi ka Elbrus tangtu merlukeun persiapan anu enya-enya asak. Lain saukur pédah hayang naék gunung tuluy jig. Kudu aya adaptasi awak kana suhu atawa cuaca, kondisi, jeung luhurna gunung sakumaha anu tadi diguar. “Janten kedah aya strategi pendakian heula sateuacan summit (naék ka ponclot, pen). Waktos naék ka ponclot Elbrus gé, tujuh dinten saeuacanna nyorang heula latihan,” pokna.

Baca Juga: Singanaga Beureum Bodas

Aya 4 kali latihan aklimatisasi (nyaluyukeun awak atawa adaptasi ka tempat anu luhur) anu disorang ku Khansa jeung bapana pikeun naék ponclot Elbrus téh. Dua kali disorang di Indonesia, nyaéta di Gunung Slamet, 3 poé saméméh pendakian, jeung 2 deui disorang di Rusia. Ti mimiti 2.300 mdpl, 3.100 mdpl, 3.600 mdpl, tepi ka 4.500 mdpl, saméméh tepi ka 5.000 mdpl. Éta hal disorang lantaran ponclot Elbrus téh luhurna leuwih ti 5.000 mdpl. Jadi, éta latihan pikeun nyaluyukeun diri.

Béda jeung sataun ka tukang, di mana dina Milangkala ka-77 Kamerdékaan RI Khansa ngélébétkeun Merah Putih di ponclot Gunung Elbrus di Rusia, taun 2023 ieu mah Khansa ngélébtkeun bandéra jeung upacara kamerdékaan di ponclot Gunung Wilis di Tulungagung, Jawa Timur.  

“Ieu téh Ekspedisi Eiger, ekspedisi 17 tim wanita pendaki ka 17 gunung di Pulo Jawa. Tah, abdi kalebet salasawios tim anu naék ka Gunung Wilis, anu luhurna 2.264 mdpl. Tah, di ponclotna pisan, abdi sareng tim ngélebétkeun bandéra Merah Putih sareng upacara kamerdékaan. Ah, pokona mah seru banget, deh!” pokna, bari teu weléh ngumbar imut nu nyari.***

Baca Juga: Sumber Energi Anyar, Dibangun deui Instalasi Panas Bumi Kapasitas 55 MW

Baca Juga: Galura Cetak I September 2023, Ngaguar Live Streaming Wayang Golek jeung Wayang Kulit

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler