GALURA.CO.ID -General Manager PT Geo Dipa Energi (Persero) Unit Patuha, Ilen Kardani nyebutkeun, pausahaan panas bumi Geo Dipa Patuha 2 keur ngawangun deui instalasi nu kapasitasna 55 Megawatt, satutas kapasang instalasi kahiji nu sarua kapasitasna 55 MW.
Ceuk rarancang mah instalasi kadua PT Geo Dipa Energi rengse taun 2026 engke. "Mugia lancar, tiasa ngawitan ngahasilkeun mangpaat kanggo Geo Dipa, salsawios BUMN, saareng kanggo masarakat,” ceuk Ilen.
Seenyana danget ieu oge, ceuk Ilen, PT Geo Dipa Energi geus karasa mangpaatna sabab dina mangsa Geo Dipa nyieun hiji project, aya dana nu ngocor ti investor Kabupaten Bandung, hususna pikeun masarakat sabudeureun proyek ku ngaubetkeun masarakat di widang pagawè.
Baca Juga: Sarasehan Perhutanan Sosial, Pausahaan jeung Warga Ulah Ngaruksak Leuweung
Sajaba ti kitu aya barang-barang nu bisa dicumponan ku urang lembur. "Jadi, salian ti padamel, ogè nyerep pausahaan lokal, sareng kagiatan sanèsna, sapertos community development,” pokna.
Memang PT Geo Dipa Energi, ceuk Ilen, kakara ngaproduksi (listrik) taun 2026, “Tapi investasi nu ageungna dugi ka ratusan miliar tèh apanan karaos mangpaatna ku industri sareng masarakat, diantawisna tiasa janten padamel ," pokna.*** Sopandi