Situs Candi Bojongmenje di Rancaekek Kabupaten Bandung, Ayeuna Teu Beda jeung Bihari, Kapopoheun?

29 Januari 2023, 14:30 WIB
Pamuda di Kampung Bojongmenje nukangan batu di Situs Bojongmenje/Galura/Dok Aam PS /

GALURA - Saenyana mah, juru piara situs Candi Bojongmenje, hayang pisan narekahan malar situs nu dipiara tur dirumatna teu kakeueum ku cai nu mudal ti walungan Cangkuang, mun pareng hujan gede.

Enya tuda manehna apal kacida, cai nu ngeueum situs teh bakal ngaruksak situs, utamana batu-batuna.

Hanjakalna, eta teh ngan ukur kahayangna wungkul.

Baca Juga: Nusakambangan Ceuk Versi Jawa, Kembang Wijaya Kusumah, Bathari Durga jeung Sang Hyang Pramoni

Dina emprona, mun wewengkon Kampung Bojongmenje Desa Cangkuang Kacamatan Rancaekek Kabupaten Bandung pareng digeyer hujan gede, situs nu dipusti-pusti jeung didama-dama teh teu weleh kakeueum.

Munasabah, tuda cai nu mudal ti walungan nu meulah Kampung Bojongmenje, laluasa naker asup ka situs. Ongkoh, tuda pernahna situs teh teu jauh ti walungan nu remen mudal mun pareng hujanna ambreg-ambregan.

“Nu matak sedihna kanggo abdi, cai atanapi banjir nu ngeueum situs teh luhurna sok aya kana 1,5 meterna,” cek Maman, warga urang Kampung Bojongmenje nu oge meunang pancen miara eta situs.

Baca Juga: Milad ka-88 Ponpes Al-Quran Cijantung, Bupati Ciamis: Ponpes Al Quran Cijantung Kontribusina Luar Biasa

Cai nu luhurna sakitu, cenah, ngabalukarkeun candi sarta batu nu numpuk di sabudeureun situs, biasana kakeueum kabeh. Situsna kakara mucunghul deui, mun hujanna raat sarta caina saat.

Lantaran caina kalan-kalan tarik, sakapeung mah batu-batu nu aya di situs oge ngageser tinu tempatna. Mun caina saat, kakara batu-batu nu ngageser teh diperenahkeun deui kana tempatna atawa dirarapih luyu jeung kaayaan mimiti.

“Terus terang we, Kang, abdi ayeuna hariwang batu candi nu aya di situs rareksak alatan sering kakeueum sareng ngageser. Upami kitu, buktos hiji paradaban di Jawa Barat kaancam sirna,” cek manehna deui.

Baca Juga: Kampung Kuta, Bolay Dijadikeun Puseur Karajaan Galuh, Alatan Raja Teu Bisa Asup ka Patang Ngewu Domas

Eta sababna, manehna jeung juru piara sejenna nu meunang pancen ngurus tur ngarumat situs, miharep malar pamarentah teu cicingeun.

Pamarentah dipiharep narekahan malar situs aman teu kacaahan, mun wewengkon Bandung Wetan jeung sabudeureunana pareng digeyer hujan.

Hare-hare

Sajaba ti ngangluh alatan situs nu dipiarana remen kacaahan, Dadang oge ngangluh soal pikamelangeunana situs ayeuna.

Baca Juga: Rembug Bedas Méakeun Anggaran Rp 2,1 Miliar

Nurutkeun manehna, oge luyu jeung anu katiten ku Galura, kaayaan situs nu kungsi ngageunjleungkeun jeung meunang perhatian daria ti pamarentah jeung sawatara pihak teh, ayeuna estu matak pikamelangeun naker.

Batu candi nu nurutkeun rarancang rek disusun deui jadi candi luyu jeung gambaran candi nu aya, teu kaurus. Sok sanajan juru piarana usaha satekah polah ngurus eta batu, sabab disimpenna di luar, batuna angger ruksak. Ongkoh tuda tiung batuna oge, ayeuna balocor.

Sajaba di eta, dua adegan nu mangrupa kantor sekretariat sarta museum oge, ruksak di sawatara bageanna, utamana pipidingna.

Baca Juga: Ieu Amanat Najib ka Bacaleg PAN Kabupaten Bandung

“Lapor mah lapor ka pamarentah. Tos dua kali malih mah lapor teh. Tapi duka ku naon, pamarentah bangun nu hare-hare wae,” pokna bari nyebutkeun yen wangunan nu aya di Kompleks Candi Bojongmenje teh diadegkeunana taun 2003-2004, sabada situsna katimu taun 2002.

Manehna netelakeun, ari urusan nu leutik mah, cara nyadiakeun sapu atawa nombokan tagihan listrik, bisa diungkulan ku juru piara, sok sanajan kudu ngagunakeun duit pribadi.

Tapi, ari ngomean wangunan nu ruksakna kawilang parna mah, Dadang jeung juru piara lianna, teu sanggup. “Eta mah urusan pamarentah,” pokna.

Baca Juga: Putri Anjungsari (11)

Candi Bojongmenje teh, nurutkeun katerangan, diadegkeun dina abad ka tujuh Masehi. Ieu situs, beda jeung candi sejenna nu katimu di lemah cai. Bedana ieu candi, teu ngabogaan relief sarta wangunna basajan naker.

Sabada katimu dina bulan Agustus 2002 ku warga nu keur ngali taneuh, ieu candi ditalungtik ku patugas Balai Arkeologi Bandung jeung Balai Pelestarian Cagar Budaya (BPCB) Serang, Provinsi Banten.

Sabada diekskavasi ti taun 2003 nepi ka 2004, para panaliti manggihan batu nu ditaksir batu candi jeung tapak candi, nu geus nuduhkeun yen di wewengkon Bojongmenje aya paradaban. Eta tempat saterusna ditetepkeun jadi Banda Cagar Budaya jeung aya dina panangtayungan BPCB Serang, Banten.

Baca Juga: Disdamkar Kabupaten Bandung Nyumponan Kabutuh APD, Saban Taun Dianggerkeun

Ieu situs, kungsi rame jeung meunang perhatian daria ti Pamarentah Daerah, pingpinan Polda Jabar jeung sajabana. Samalah aya oge nu boga rarancang nyusun deui candi, dumasar gambaran candi jaman harita, sarta ngayakeun panalungtikan nu leuwih leg aka sabudeureun situs nu aya ayeuna.

Ngan duka kunaon, ti taun 2004 mah, situs Bojongmenje teh kapopohokeun. Eta teh nepi ka ayeuna.***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler