Jaroh ka Situs Karamat Sunan Pada di Karedok Jatigede

14 Januari 2023, 15:07 WIB
SITUS Karamat Sunan Pada di Desa Karedok, Kabupaten Sumedang. /

"Wilujeng Sumping. Situs Karamat Sunan Pada (Ayahanda Ratu Cukang Gedeng Waru)". Kitu unina tulisan pangbagea keur nu rek jarah ka Situs Sunan Pada teh.

Situs Karamat Sunan Pada perenahna di Lembur Cisahang, Desa Karedok, Kacamatan Jatigede, Kabupaten Sumedang, desa nu nyesa tina diwangunna Bendungan Jatigede.

Memeh anjog ka wewengkon Situs Karamat Sunan Pada, Galura kudu luut-leet kesang heula. Enya, tuda lalampahan nu kudu disorangna kawilang jauh. Jabaning jalanna rada leueur deuih.

Baca Juga: Goong Raksasa di Dusun Cigoong Subang, Katelahna 'Gong Kibuyut', Sorona Ngungkung ka Jauhna!

Motor ge teu kaur kebat. Kudu nilik-nilik heula pijalaneun anu sakirana garing, jeung teu matak bahaya, henteu matak nyoledat ban motor.

Alhamdulilah, sok sanajan rada lila, Galura anjog ka nu dituju, ka Situs Karamat Sunan Pada tea. Kahayang jarah nu geus aya taunna, ahirna laksana oge kamari ieu.

Tokoh kasumedangan
Teu rea katerangan soal Sunan Pada teh. Almarhum Raden Gumilar, salasahiji inohong Sumedang nu nalika jumengna mindeng ka Kantor Redaksi Galura kungsi ngobrolkeun ngeunaan Sunan Pada.

“Mun Ayi hoyong terang saha nu nyebarkeun elmu ma’rifat jeung kasumedangan, Eyang Sunan Arya Pada namina,” pokna harita. Eyang Sunan Arya Pada teh jenengan lengkepna Sunan Pada.

Ceuk inyana, Sunan Pada teh hiji tokoh Sumedang nu oge gede jasana keur leuwih sumebarna agama Islam di wewengkon Kabupaten Sumedang jeung wewengkon Cirebon.

Nalika jumenengna, pikiran jeung ajaranna ngeunaan Islam, disebut-sebut gede pangaruhna keur balarea di jamanna, boh di Sumedang, Cirebon, Majalengka, boh wewengkon sejenna.

Baca Juga: Pituduh ti Sutradara Aris Nugraha, dina Preman Pensiun 8, Irin 'Jadian' jeung Sukanta, Roy Musuh Kang Mus?

Ajaran Sunan Pada dina marifat loba nu muhit. Kitu deui ajaran kasumedangan nu saenyana mah meh sarua jeung ajaran kagaluhan.

Munasabah kituna mah. Apan, keur mah ti awal Sunan Pada geus boga pangaruh gede dina widang agama Islam, ma’rifat jeung kasumedangan, katurug-turug diparengkeun jadi mertuana Prabu Geusan Ulun atawa Angkawijaya.

Putra kakasihna katelah Ratu Cukang Gedeng Waru ngadahup ka Prabu Geusan Ulun, bojo munggaran Gedeng Waru.

Raden Gumilar nyebutkeun Sunan Pada teh turunan langsung ti Prabu Jaya Dewata alias Sri Baduga Jaya Dewata alias Prabu Siliwangi ti Ratu Raja Mantri.

Jujuluk sejen keur Sunan Pada: Raden Hasata alias Dung Wangi. Teu jenter ngaran aslina mah, lantaran tokoh jaman baheula mah leuwih sohor ku julukanana.

Baca Juga: Chord jeung Lirik Lagu 'Inget ka Mantan', Ciptaan Wagista, Populerna Nepi ka Mancanagara

Sunan Pada teh saterusna nikah ka Nyimas Aisyah putra pasangan Sarifudin jeung Sari Asih ti Talaga. Nya ahirna ngagelarkeun Nyimas Sari Hatin alias Ratu Cukang Gedeng Waru.

Gedeng Waru saterusna jadi bojo munggaran Prabu Geusan Ulun sarta ngarundaykeun katurunan nu jadi raja jeung bupati Sumedanglarang.

Ceuk kaol (versi) sejenna, Sunan Pada  teh seuweuna Raden Meumeut atawa Raden Cameut alias Raden Ameut. Ngan henteu dijelaskeun saha Raden Meumeut teh.

Sunan Pada kagungan putra Ratu Nyimas Cukang Gedeng Waru (bojona Prabu Geusan Ulun), Nyimas Gedeng Sari, jeung Nyimas Cukang Gedeng Tomo.

Baca Juga: Ceuk Babad Tanah Jawi Nu Ngadegkeun Majapahit teh Putra Padjadjaran

Ceuk "Permunggu Pawenang Wado", Sunan Pada masih keneh boga turunan dua: Pangeran Bangsit jeung Pangeran Raja Kusumah nu henteu disabit lalakon saterusna.

Dina mangsa jumenangna, Pangeran Sunan Aria Pada, diistrenan nyepeng Karajaan Pajajaran, nurut ka gurat indungna kalawan meunang pangakuan ti Raja Pajajaran.

Pangna kitu, sabab luluhurna Pangeran Arya Pada, jelas minangka hiji katurunan langsung ti Raja Pajajaran harita.

Taya katerangan nu jentre naha nu didadarkeun ku almarhum Raden Gumilar teh memang kitu dina kanyataanana, atawa henteu lantaran sumber-sumber primer tacan kapanggih.

Kitu deui bab Sunan Pada jeung Islam. Kumaha inyana nyebarkeun Islamna, ma’rifat jeung naon wae kasumedangan versi inyana, jeung rea-rea deui.

Baca Juga: Bupati Ciamis Masrahkeun Bantuan keur Korban Angin Lilimbungan di Panawangan

Galura, nalika jarah sawatara waktu ka tukang, satadina hayang meunang katerangan oge ti juru kuncina. Hanjakalna, juru kuncina, teu nyampak, keur suwung, keur nyaba.

“Pa kuncen pami teu lepat mah nuju ka Sumedang,” ceuk Ki Nana nu saterusna nyebutkeun dirina teu apal pisan saha ari Sunan Pada teh.

Ka Galura Ki Nana ngaku ngan apal nu sumare di eta makam teh tokoh Sumedang nu muhit kasumedangan, ramana Nyi Mas Cukang Gedeng Waru.

Inyana ngan apal eta makam memang remen didatangan ku nu jarah babakuna dina bulan Mulud jeung malem Jumaah Kaliwon.

Galura henteu tetelepek deui. Ari kahayang mah hasil tetelepek teh leuwih ngalengkepan bahan ti Raden Gumilar nu samporet keneh teh. Saha nu nyaho verisna beda jeung nu didadarkeun ku Raden Gumilar.

Galura harita teu rea tatanya teuing ngeunana Sunan Pada ka nu aya di eta lembur. Lain ku nanaon, tapi ngadadak inget kana amanat Raden Gumilar almarhum.

Cenah, ulah sok tatalapek soal karuhun. “Sing yakin we carita nu geus jadi sabiwir hiji teh bener, sok sanajan dina kanyataanna mah bisa wae salah,” pokna

Najan rea keneh kapanasaran, sabada jarah jeung “ngiriman” nu sumare kumaha ilaharna, Galura gura-giru ninggalkeun eta tempat nu dikaramatkeun teh.

Teu waka mulang. Galura kukuliringan heula di Karedok, sabab rea keneh bahan aheng keur tuliseun, babakuna nu aya patalina jeung Bendungan Jatigede nu kiwari jadi objek wisata unggulan di Kabupaten Sumedang jeung Jawa Barat.***

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler