Sastra Sunda (98), Raksa Bumi Kaanjangan Urang Dayeuhluhur, Ngaku Diutus ku Rajana

- 26 April 2023, 06:00 WIB
Putri Anjungsari
Putri Anjungsari /Putri Anjungsari

NGADENGE jawaban akina kitu, Suba ngahuleng. Ras inget deui kana caritaan Putri Anjungsari. Ngan ku Suba teu terus jadi pamikiran. Keun wae kawa cai ngalir, pikirna, bisi matak jangar mun dipikiran mah. Ayana di Pasir Raksa Bumi oge ngayunkeun kereteg hatena, lain dumeh dipaksa. Engke kumaha pikahareupeunana  jalma mah sok keuna ku robah.

“Ba, aki ka lebak heula,” ceuk Aki Kanta sabada ngetruk-ngetrukeun lodongna bisa aya sato leutik asup.

Suba ngarenjag asa kagebah.

“Nya, Ki, uing rek mireun seuneu. Naheur cai,” tembal Suba bari ngojenggang muru hawu nu katempo di jerona aya keneh ruhayan.

Ruhak teh dikoerkeun lalaunan, terus ditumpangan kararas garing, ditiupan, hurung. Leungeun katuhuna nyokot baralak garing, dideukeutkeun kana kararas nu geus hurung. Baralakna oge jadi hurung, baralakna ditambahan sina rada loba. Ti dinya baralakna ditunda sarta ditumpangan ku suluh.

Sabot nungguan seuneu sangkan suluhna hurung pisan, teu kanyahoan ti tadina ujug-ujug aya nu ngadehem di buruan saung. Suba nangtung, ngalieuk ka hareupeun saung. Breh teh katempo saurang lalaki nu umurna pakokolot supa jeung akina make pakean sarwa hideung, kitu deui totopongna geus ngajega, bari rurut-reret ka sabudeureunana.

Suba nyampeurkeun.

“Rampes Ki Silah,” ceuk Suba bari ngalengkah ka luar.

Anu keur ngabedega ngalieuk, serengeh seuri.

“Hampura kula teu tata-titi, teu sampurasun,” pokna. “Kaburu dia nyampeurkeun.”

“Yap ka jero atuh.”

“Keun wae di dieu heula.”

“Ti mana kitu Ki Silah teh,” ceuk Suba deui bari mencrong.

“Ti Dayeuh Luhur,” tembal eta lalaki.

“Jauh atuh.”

“Jauh jeung deukeutna mah kumaha urangna. Disorang ku leumpang biasa mah nya jauh.”

Suba seuri.

“Tadi isuk-isuk, nonoman Dayeuh Luhur karek balik,” pokna.

“Saha ngaranna?”

“Ginggin.”

“Mentas naeun ti dieuna?

“Tas ti nyaba ti Rajamandala, bareng jeung uing.”

“Duaan?”

“Henteu bareng jeung kolot kula katut lanceuk-lanceuk kula,” tembal Suba.

“Rek naeun ka Rajamandala?”

“Hayang nganjang ka patilasan di Rajamandala,” ceuk Suba.

“Ukur eta wungkul?” ceuk urang Dayeuh Luhur tetelepek.

Suba mencrong ka eta lalaki. Teu wanieun nyaritakeun ka Ramandala teh sakalian mapagkeun urang Pajajaran nu rek dumuk di Kawali.

“Ari Ki Silah boga maksud datang ka dieu? Maluruh puguh uing bener henteuna ka Rajamandala,” ceuk Suba.

Urang Dayeuhluhur nyerengeh. “Ka dieu teh ngahaja. Hayang umanjang ka Raksa Bumi, kabeneran diutus ku Raja Dayeuhluhur.”

“Ari dijurung ku Raja mah atuh wawuh jeung Gingin.”

“Teu wawuh, kami henteu dumuk di karaton, kami mah urang lembur nu jauh ka puseur dayeuh.”

“Ning dipercaya ku raja?”

“Memeh nyingkur kami kungsi di karaton.”

“Sababna teu cicing deui di karaton?”

“Hayang jongjon leuwih ngadeukeutkeun diri ka Nu Maha Kawasa.”

“Ari eta Raja ngutus dia ka dieu rek maluruh naon?” Suba nanya deui.

Memeh ngajawab eta lalaki ngahuleng heula sakeudeung.

“Nya hayangeun nganjang ka dieu, ka Kawali.”

“Tujuanana?”

“Pan Kawali teh tempat asal luluhurna.”

“Kitu? Yap atuh asup ka saung,” ceuk  Suba.

“Di dieu wae,” ceuk urang Dayeuhluhur bari diuk dina golodog. “Aeh, ari dia di dieu jeung saha? Sorangan?” pokna deui.

“Sapopoena mah duaan jeung aki uing. Ngan mindeng loba nu ka darieu, malah rea nu mondok,” ceuk Suba.

“Aki dia ka mana ayeuna?”

“Ka lebak, ka Sipatahunan. Ngomongna rek mandi jeung rek ngala cai. Tadi di lebak henteu nempo?”

“Henteu, kami teu nyimpang heula ka situ, langsung ka dieu,” tembal eta lalaki.

“Teu pasarandog di jalan?”

“Henteu,” walon eta lalaki bari mencrong ka lebah paranti mujasmedi. “Meunang kami ka ditu?” pokna deui bari nunjuk ka tempat mujasmedi.

“Nya meunang pisan.”

“Kami amit rek menekung heula,” tembal urang Dayeuhluhur.

“Seug,” ceuk Suba.

Urang Dayeuhluhur teh laju muru batu demprak. Gek sila. Suba balik deui ka hawu, ngasurkeun suluh. Seuneu tembong rek pareum, tadi tacan hurung pisan. Ku Suba seuneuna ditiup make songsong, dibaralakan deui jeung disuluhan pangpung laleutik.

Suba nagogkeun delok beresih. Cai tina lodong dikana delokkeun, terus ditutupan, bisi harangaseu arasup.  Suba kurah-koreh kana paraseuneu, neangan beubeutian, rek dibubuy, keur nyuguhan semah. Akina papagah mun aya semah, saha wae gancang suguhan saaya-aya, kudu ngajenan jeung ngahormat semah, pokna teh.

Mun akina jeung dirina keur aya, semah nu datang tara henteu disuguhan. Anu disuguhkeunana teh nu nyampak di saungna. Cau teu weleh aya, akina ngahaja melak tangkal cau. Ari bauh samolo mah kalan-kalan nyampakna teh lantaran kudu ngala ka leuweung nu rada jauh ti pasir Raksa Bumi, di Pasir Raksa Bumi taya tangkal samolo.

Sabot nungguan seuneu, pikiran Suba kumalayang ka Putri Anjungsari nu ayeuna geus cicing di Karaton Panjalu, milu ka Raja Panjalu. Suba mah saenyana teu apaleun ieuh Putri Anjungsari teh putri karaton, nyahoeunana teh di Pajajaran. Ngan ari hatena mah nebak Putri Anjungsari teh lain wanoja biasa.

Najan kitu, Suba nyahoeun Putri Anjungsari, Olot Kaya, Ranah, Bena jeung Rait lunta ti Pajajaranana teh ngungsi, pedah di Pakuan Pajajaran keur kaayaan bangreung dumeh tuluy-tuluyan dikepung ku urang Banten nu dibantuan ku Cirebon jeung Demak. Najan kungsi babarengan, nu lunta di Pajajaran teh tara pangangguran nyaritakeun saha-sahana ka Suba,

Suba oge henteu talete, ku diajak bareng di satengahing jalan oge geus kacida tumarimana. Manehna mah teu nyahoeun jalan, lantaran karek harita dibawa lunta jauh. Manehna oge tacan tumanya ka Aki Jaya, ku naon maung piaranana bet mawa dirina ka tempat Putri Anjungsari reureuh, dina wanci tengah peuting.

Tacan tumanya teh tacan aya waktu nyalse. Ngan Suba ngajudi, Aki Jaya oge moal bisaeun ngajawab. Sato piaranana, maung kajajaden, moal bisa ditalek, moal bisa ditanya: naon sababna Suba dibawa ka rombongan nu ngungsi ti Pajajaran. Kebeneran wae, meureun, ceuk Suba dina hatena bari ngasurkeun suluh.

Suba hiji mangsa mah hayang nepungan Olot Kaya, Bena jeung Rait, hayang mulungan elmuna, hayang mulungan pangaweruhna. Tiluanana ceuk kamandang Suba mah lain jalma samanea, tapi boga pangaweruh jeung elmu nu luhung. Beda tina paromanana, beda tina sorot panonna, beda tina tagogna.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x