GALURA- Gunung Ciremai kawilang penting pikeun kabutuh masarakat di sababaraha daerah, utamana di wilayah III Jawa Barat.
Anu dimaksud wilayah III Jawa Barat teh nyaeta Kabupaten Cirebon, Kota Cirebon, Indramayu, Majalengka, jeung Kabupaten Kuningan (Ciayumajakuning).
Samalah, henteu semet masarakat Ciayumajakuning, tapi sabaraha daerah di Kabupaten Brebes Jawa Tengah.
Baca Juga: Tacan Puguh Bule Hideungna, Maman : Geutah Pines di TNGC Ulah Waka Disadap
Ku sabab kitu, kudu dirumat dijaga, dipiara, ulah nepika diruksak, alatan pikeun kapenting saayeunaeun. Cindekna kudu mikirkeun nasib masarakat kahareupna.
Kawas anu dicaritakeun ku Amalo, saban bagean Gunung Ciremai, mangrupakeun daerah aliran sungai (DAS) diantarana Cisanggarung jeung Cimanuk.
Baca Juga: BEM Uniku Ngayakeun Diskusi Terbuka, Museur Nyaritakeun Gunung Ciremai Kiwari
Salila ieu, ceuk Amalo, Gunung Ciremai, henteu ngabalukarkeun banjir jeung longsor.
Hartina ceuk Amalo, taneuh di sabudeureun Gunung Ciremai mampuh nyerep cai hujan.
Ku sabab kitu, pihak-pihak anu miboga kawenangan kudu wijak dina nangtukeun kawijakan ngurus Gunung Ciremai.
Baca Juga: Nu Nyadap Geutah Embung Keuna Geutah, Sieun Ngarempak Hukum
Anu kudu jadi tinimbangan, alatan robahna alam alatan "Digadabah" ku kapentingan saayeunaeun, tampa mikirkeun naon anu baris kalakonan mangsa nu bakal datang
"Anu kudu dipikahariwang bisi salah urus, temahna bisa teu hade. Lamun salah urus, inggis erosi jeung banjir," ceuk Amalo, salah saurang penggiat lingkungan di Kuningan.***