Lima Kasakit nu Kudu Dijauhkeun, papagon Sanghyang Siksa Kandang Karesian

- 31 Januari 2023, 13:00 WIB
Buku tarjamaan naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian, eusina di antarana lima kasakit nu kudu disinglar.*
Buku tarjamaan naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian, eusina di antarana lima kasakit nu kudu disinglar.* /

 

GALURA -Sanghyang Siksa Kandang Karesian ngamanatkeun mun manusa hayang hirup raharja kudu nyinglar lima panyakit (pancagiti): sarakah, bodo, jahat, takabur, jeung gedé hulu.

Ceuk Sanghyang Siksa Kandang Karesian, hianat boh ka batur boh ka diri sorangan, nu salah disebut bener, nu bener disebut salah, nipu, nganyerikeun haté batur, rarampas, rarampog, kudu dijauhan.

Mun geus bisa miceun sagala kasakit bieu, kitu ditulis dina Sanghyang Siksa Kandang Karesian manusa moal hirup sangsara. Hirup salawasna ngahenang-ngahening, moal nandangan bancang pakewuh.

Baca Juga: Konsep Tri Tangtu di Sunda, Beda jeung Trias Politika Mantesquieu

Manusa ogé kudu neguhkeun jeung nanjeurkeun bebeneran, tancebkeun sikap jeung paripolah nu hadé dina jiwa tepi ka dunya téh hadé lantaran pangeusina hadé.

Dina Carita Parahyangan (CP) aya sababaraha raja nu mampu mawa nagarana apanjang-apunjung. Masarakatna su¬bur ma’mur, tara kakurangan dahareun, kuat, aman, trengtrem, sepi paling, towong rampog.

Malah mah alam ogé teu kacatur némbongkeun karongkahanana, saperti gunung bitu, lini, jeung sajabana.

Hiji di antarana Karajaan Galuh nu dipusatna di Kawali (Ciamis) waktu rajana Niskala Wastu Kancana.

Baca Juga: Tradisi Ngumbah Jimat, Naha Enya Lain Budaya Sunda? Abah Cakra Suwargi: Pangaruh ti Mataram

CP ngagambarkeun nya mana sang rama enak amangan, sang resi enak ngaresianana, ngawakan na purbatisti-purbajati, sang disri enak masini ngawakan na manusasana, ngaduman alas pari alas, ku beet hamo diuki, jeung sajabana.

Hartina: sang rama (sesepuh desa) lalugina ngemong (ngaping) masarakat, sang resi lalugina ngalaksanakeun tugasna ngajarkeun jeung ngamalkeun adat-istiadat warisan karuhun, sang disri lalugina ngatur wilayah, ngamalkeun hukum, babagi leuweung jeung wewengkon sabudeureunana, jeung sajabana.

Pangna Galuh jaman Niskala Wastukancana sakitu tohagana, lantaran pangeusina ngéstokeun hirup nu lempeng. Ti mimiti rahayat bisa, aparat désa, ponggawa, mantri, tepi ka rajana. Tritangtu diéstokeun pisan ku rahayatna, najan teu nyekel kalungguhan.

Atuh pamaréntahan Niskala Wastukancana ogé nyekel pageuh pancén jeung tugasna. Kitu deui mun ceuk basa ayeuna mah para mantrina, tepi ka pamingpin panghandapna nu langsung campur jeung masarakat.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah