Alatan Jadi Kader Golkar, Ridwan Kamil Moal Bisa Jadi Calon Presiden, Cek Juru Titen Pulitik Adi Prayitno

- 27 Januari 2023, 13:15 WIB
Ridwan Kamil dipiharep warga Jawa Barat jadi capres atawa cawapres/Instagram @ridwankamil  
Ridwan Kamil dipiharep warga Jawa Barat jadi capres atawa cawapres/Instagram @ridwankamil   /

GALURA - Sawatara warga Jawa Barat, saenyana miharep pisan aya putra daerah nu makalangan dina kontestasi pemilihan presiden 2024 taun hareup.

Kaharti, tuda nepi ka ayeuna, can keneh aya urang Sunda, teureuh Sunda asli, nu makalangan. 

Kungsi aya piwakileun nu ngaku-ngaku teureuh Sunda, teureuh Prabu Siliwangi, ngaku deukeut jeung luluhur Sumedang deuih.

Baca Juga: Alun - Alun Singaparna Ayeuna Ginding Kacida, Beda Pisan Jeung Baheula, Ridwan Kamil : Ruang Publik Tumaninah

Baca Juga: Ieu Geuning Alesan Kang Emil Ngagabung ka Partai Golkar Teh, Antarana Wae 'Harewos' Ti Indung jeung Ulama

Baca Juga: Soal Kang Emil Asup Golkar, Philips J Vermonte : Lengkah nu Merenah Tur Strategis keur Duanana

Tapi nya kitu, geus jadi mah poho we ka Sunda teh. Nyempod, taya ketakna keur kamajuan Ki Sunda.

Dina nyanghareupan pemilihan presiden 2024, ti beh ditu mula, saenyana aya nu dipiharep makalangan, keur posisi wakil-wakil mah.

Inyana nyaeta Ridwan Kamil, manten Walikota Bandung nu ayeuna jeneng Gubernur Jawa Barat.

Baca Juga: Di Kantor Golkar Kang Emil Ngaku Boga 'Follower' Jutaan di Media Sosial, Sabaraha Jumlahna Saenyana?

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: ANTARA


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x