Tradisi Ngumbah Jimat, Naha Enya Lain Budaya Sunda? Abah Cakra Suwargi: Pangaruh ti Mataram

- 28 Januari 2023, 10:30 WIB
/

GALURA -Unggal bulan Mulud, di sababaraha wewengkon Tatar Sunda dilaksanakeun ritual meresihan barang pusaka. Ngaran acara ritualna béda-béda.

Upamana waé, meresihan barang pusaka di Cirebon disebut Panjang Jimat, di Godog Garut di tempat nu dianggap patilasan Kéan Santang disebut Ngalungsur Jimat, di Panjalu Ciamis: Nyangku.

Meresihan atawa ngumbah barang pusaka bieu pinuh ku tetekon atawa palanggeran nu cenah mah teu meunang dirempak jeung teu meunang diganggu. Waktuna oge, tanggal poe, bulan, henteu dapon.

Baca Juga: Naha Enya nu Sumare di Gunung Babakan Kota Banjar, Adipati Singaperbangsa nu Jeneng di Karawang?

Alesanana geus ti karuhunna kitu, pajar téh mun dirobah bisi aya matakna mun meresihan barang pusaka teu ngestokeun palanggeran.

Anu jadi panalékan, naha di kalangan nu neuleuman jeung ancrub kana kasundaan asa teu kadéngé aya ritual ngumbah barang pusaka?

"Sabenerna mah kabiasaan ngumbah jeung meresihan jimat téh pangaruh ti Sultan Agung, ti Mataram, waktu Tatar Priangan dijajah ku Mataram," ceuk Abah Cakra suwargi, ahli palpasapah Sunda.

Abah Cakra nyebutkeun urang Sunda mah henteu mentingkeun nu ngaranna gagaman atawa pusaka nu dianggap bisa méré kakuatan ka nu bogana. Urang Sunda teu ngandelkeun kamampuh jeung kakuatanana kana barang.

Baca Juga: Ka Marongge Sumedang Rea Keneh Nu Jarah, Aya nu Neangan Pelet, Angka Togel, jeung Meunang Gawe

"Anu dipentingkeunana kakuatan dina diri urang sorangan. Ari pakakas mah ukur alat," pokna.

Anu ngaranna alat atawa pakakas bisa keuna ku ruksak, leungit, aya nu maling, teu béda jeung ragaji, bedog, pacul, péso, jeung sajabana.

"Contona kieu, cenah urang téh boga jimat anti cukur, teu mempan ku pélor. Kumaha mun éta jimat leungit? Pan urang teu kebal deui, urang téh teu sakti deui," ceuk Abah Cakra.

Éta sababna di Sunda teu kacatur raja, sinatria aya nu boga gagaman nu dianggap barang pusaka.

"Tengetan waé dina carita-carita Prabu Siliwangi, teu disebut-sebut ngapimilik jimat jeung sabangsana. Prabu Wastu Kancana, Sri Baduga Maharaja, dua raja Sunda nu kamashur, teu kacaturkeun boga jimat jeung pakarang pusaka," ceuk Abah Cakra.

Baca Juga: Karaton Karajaan Sukapura kari Waasna, Titinggalna Diteundeun di Museum Alit Luluhur Sukapura

Béda jeung di Jawa, barang pusaka téh dipentingkeun pisan, malah leuwih kakoncara batan nu bogana. Nu matak di Jawa barang-barang pusaka bener-bener dirumat.

Diberesihanana ogé puguh waktuna, puguh tata carana, sakumaha nu ditémbongkeun di Karaton Yogyakarta jeung Karaton Solo unggal bulan Suro.

Ceuk Abah Cakra, di Sunda ogé mémang réa nu barogaeun barang nu dianggap pusaka, tapi meresihanana iraha waé sarta teu dibarung ku nu sipatna mistik.

“Diteundeun dihadé-hadé téh ngarah teu ruksak. Ongkoh meresihan, keris, kujang, jeung sajabana nu dijieun tina beusi kudu maké tékonologi. Ambéh awét, teu gancang karahan," pokna.

Mupusti barang pusaka titinggal luluhur oge sangkan urang teu weleh inget kana jasa luluhur urang sarta jadi pangdorong sumanget atawa sumber inspirasi sangkan urang milampah kahadean.

Lebah dieu, Abah Cakra nyambung caritaanana, anu kudu leuwih diperhatikeun téh lain ngumbah atawa meresihan barang titinggal luluhur, tata carana jeung ritualna, tapi ngumbah haté diri urang sorangan.

"Ngumbah haté sangkan haté urang salawasna beresih tepi ka urang urang boga sipat nu hadé," pokna.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x