Ngimeutan komentar nu jumlahna rebuan kana postingan Kang Emil, tetela mayoritas ngarojong kana lengkah Ridwan Kamil asup ka Golkar.
Baca Juga: Leuweung Jahim, Wisata Alam Pagunungan Ciamis Kalér
Di antara rebuan komentarna, tetela resep ka Kang Emil teh horeng henteu mandang partey mana nu dianjrekan.
Netijen resep jeung jadi fans Ridwan Kamil alatan pribadina.
Maksudna, naon wae partey nu dicicingan ku Ridwan Kamil, henteu jadi cecekelan netijen. Sabab maranehna leuwih ningali karakter pribadina.
Baca Juga: Batu Akik Kungsi Ngajaul, Saban Daerah Miboga Potensi Batu Akik Disungsi
Eta hal upamana ditepikeun ku @mulyati_mulyati07 jeung @fazarransyahzani.
Cek maranehna, ningali Kang Emil lain ningali parteyna tapi pribadi calon pamingpinna.
"Warga Jabar teu ningali parteyna, tapi ningali karakter pribadi bapa @ridwankamilna," cek @fazarrafsyanzani.
Baca Juga: Batu Ali Masih Keneh Rea Nu Mikaresepna, Hiji Batu Ali Aya Nu Meuntas Sajuta Rupia