Caah Dèngdèng Ngaganggu Pangladèn, Perumda Air Minum Tirta Raharja Ngirim Cai Bersih Makè Tangki

28 Maret 2023, 05:21 WIB
Perumda Air Minum Tirta Raharja ngirim cai beresih ka warga nu keuna balukar caah dèngdèng.* /Dok. PDAM /

GALURA -  Caah dèngdèng (banjir bandang) nu kajadian di Citarum (Cibangoak), Kemis, 23 Maret 2023, ngabalukarkeun cai baku kiruh pisan. Iwal ti kitu wangunan paranti ngawadahan cai (brocaptering) ngèsèr.

Humas Perumda Air Minum Tirta Raharja, Harry nyebutkeun, pihakna ngirim cai bersih ka sababaraha titik nu keuna balukar tina ieu caah dèngdèng jeung narékahan ngomèan brocaptering nu ngèsèr.

Kaayaan cuaca, hujan badag tur kerep, volume cai mingkin luhur ngalantarankeun hèsè ngomèan jeung ngolah cai bersih.

Ku kituna, Perumda Air Minum Tirta Raharja terus narèkah ngirim cai bersih ka sababaraha titik.

Ti Ahad, 26 Maret, tepi ka kiwari proses ngomèan brocaptering geus rèngsè , tur cai baku geus bisa diproduksi jadi cai bersih nungtutan bisa ngeusi Instalasi Pengolahan Air (IPA) Cikoneng.

Baca Juga: Caah Déngdéng di Soreang, Bupati Nyebutkeun Aya Karamba jeung Runtah nu Mendetan Walungan tepi ka Caina Mudal

Nu keuna balukar tina ieu musibat téh, kahalangna ngirim cai ka Wilayah II Banjaran Kota, Pelayanan Baleendah, Bojongsoang, Dayeuhkolot jeung Wilayah III Ciparay Kota, Pelayanan Ciparay, Cicalengka, Rancaekek, Majalaya, kalawan jumlah palanggan kurang leuwih kana 48.700 sambungan imah.

Perumda Air Minum Tirta Raharja geus ngadistribusikeun cai bersih ku armada tengki, minangka tarèkah ngungkulan musibat tur ngalayanan warga palanggan nu wewengkonna keuna balukar dieureunkeunna cai sawatara waktu.

Caah dèngdèng di Cibangoak.*

Tepi ka kiwari cai baku nu geus bisa asup ka Instalasi Pengolahan Air (IPA) Cikoneng aya kana 40% atawa 174 ltr/dtk ti kapasitas nu sakuduna, keur bisa diolah jadi cai bersih katut didistribusikeunana ka palanggan, hususna palanggan di Wilayah II Banjaran - Baleendah jeung Wilayah III Ciparay.

Pikeun lumangsungna panglayan cai bersih ka palanggan, pihak Perumda Air Minum Tirta Raharja ngalakukeun saniskara tarèkah kagiatan ngomèaan samaksimalna.***  Sopandi

 Baca Juga: Caah Dengdeng Narajang Pilemburan di Kuningan

 

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler