Perpustakaan Keliling Babinsa di Wilayah Kodim 0604 Karawang

6 Maret 2023, 19:45 WIB
Sertu Tarmuji, Babinsa Koramil 0604-01/Kota Kodim 0604 Karawang, waktu jadwal Perpustakaan Keliling di Adiarsa, Kac. Karawang Timur, Kab. Karawang.* /Pendam III Siliwangi/

GALURA - Perpustakaan Keliling nu dipokalan Sertu Tarmuji, Babinsa Koramil 0604-01/Kota, minangka wujud miduli kana pangabutuh  barudak di desa binaan, Kelurahan Adiarsa, Kac. Karawang Timur, Kab. Karawang.

 

Ceuk Dandim 0604 Karawang, Letkol Kav Makhdum Habiburrahman, pamiangan ketak Sertu Tarmuji teh tina kaguligahna nenjo kaayaan barudak di dinya nu meh unggal poe ukur ngagugulung maen gim dina HP.

 

Ti dinya, Sertu Tarmuji boga karep malar eta barudak teh teu anteng kajongjonan maen gim HP, tapi malar daek diajar jeung ulin kaulinan ilaharna barudak.

 

"Make motor dines nu dipapantes lir gorobak buku, Sertu Tarmuji ngurilingan lembur, mawa rupaning buku tur ngabagikeunana kalawan haratis ka barudak," pokna.

 

Laju Letkol Kav Makhdum Habiburrahman mertelakeun, kagiatan Sertu Tarmuji teh lian ti dina raraga ngalaksanakeun Pembinaan Teritorial (Binter) di wilayah, oge bari ihtiar sangkan barudak tetep mikaresep bucu-baca buku.

 

Eta buku-buku Perpustakaan Keliling keur barudak di Kalurahan Adiarsa, Kac. Karawang Timur teh hasil sumbangan tur pamere rengrengan papada Babinsa.

 

Jadwal datangna Sertu Tarmuji teh teu weleh dianti ku barudak.

 

Lingkungan jadi mingkin haneuteun, atuh barudak ge teu pati teuing ngagugulung maen gim HP.

 

"Eta Perpustakaan Keliling Babinsa Sertu Tarmuji teh minangka wujud miduli kana lingkungan desa binaan, sarta ayana Babinsa teh sing karasa mangpaatna ku masarakat," pok Dandim 0604 Karawang. ***

 

 

 

Editor: Ajun Mahrudin

Terkini

Terpopuler