Putri Anjungsari (66) Amprok jeung Olot Kaya, Tukang Jaga Kuda nu Picurigaeun

- 25 Maret 2023, 07:07 WIB
Putri
Putri /Budi Riyanto/Galura

PUTRI Anjungsari, Bena jeung Rait ngaranjug, laju tiluanana mencrong ka nu lalaki. Sajongjongan taya nu nyarita.

“Ari dia saha?” ceuk Putri Anjungsari make sora asli.

“Kami mah pribumi,” tembal nu lalaki.

“Weruh ka kami..., ceuk Putri Anjungsari deui.

“Engke oge nyaho,” tembal nu lalaki. “Lain ngusir, mun moal nyimpang heula ka imah kami, hadena dia geura mariang ayeuna. Tong hariwang jeung haringhang, wewengkon Sumedanglarang aman. Entong teuing rusuh.”

“Karah tempat ieu geus asup ka Sumedanglarang?” ceuk Bena.

“Bener.”

“Tapi apan geus kapangaruhan ku Cirebon?”

“Raga badagna wungkul, jerona mah henteu.”

“Kami percaya,” ceuk Putri Anjungsari bari ngareret ka Bena, mere tanda sangkan Bena entong tatanya deui. “Kami seja miang deui. Hampura kami reureuh di dieu teu amit heula.”

Rait cengkat, terus muru ka tempat kudana dicangcang. Tali elesna dipasangkeun deui. Dituntun ka deukeut saung ranggon. Putri Anjungsari mancal ti heula kana kudana. Sanggeus putri Anjungsari merenah, Bena jeung Rait mancal kana kudana sewang-sewangan. Sabada amitan, tali elesna dikenyed.

Sanggeus ka jalan jajahan kudana rada dilumpatkeun. Henteu ari ditegarkeun mah. Putri Anjungsari ngestokeun papagah lalaki tadi. Di jalan taya halang-harungan nanaon. Mindeng papaliwat jeung mihaleuaan urang lembur nu balik ti huma. Unggal papaliwat atawa miheulaan tiluana seuri bari arunggeuk.

Panonpoe rek tunggang gunung, Putri Anjungsari, Bena jeung Rait, tepi ka hiji lembur. Sisi jalan, samemeh lembur, aya warung nu kaitung badag, beulah katuhu nu tukangna rajeg tatangkalan, di antarana tangkal kawung nu carulukna ngarumbay. Katangen, gigireun warung, rada anggang, sababaraha hiji kuda dicangcang.

Kudana katembong keur nyaratu. Tempat nyatuna kai badag nu dibeulah, dijieun kawas lisung. Tempat nginum kudana oge aya. Kawasna parab kuda disadiakeun ku tukang warung. Malah katempo aya nu ngajaga, lalaki saluhureun Bena. Diuk, handapeun tangkal lame, bari ngawaskeun kuda, jeung ngawaskeun ka jalan.

“Ngaso heula,” ceuk Putri Anjungsari.

“Moal kukumaha, Putri?” ceuk Bena.

“Kawasna moal, sakumaha ceuk lalaki tadi,” tembal Putri Anjungsari.

Geus deukeut ka warung, tiluanana ngendoran kudana. Anjog ka pakarangan warung, dibageakeun ku lalaki tukang jaga kuda. Eta lalaki nangtung, bari rengkuh. Paromanana bear marahmay. Ngan siga nu teu wanieun neuteup  Putri Anjungsari, anu direretanana ukur Bena jeung Rait.

“Rampes, bagea,” ceuk tukang jaga kuda.

Putri Anjingsari, Bena jeung Rait aringguk bari seuri. Tiluanana jrat-jrut tarurun tina kudana sewang-sewangan.

“Kuda mah dibawa ka tempatna ku kula,” ceuk tukang jaga kuda, bari nyampeurkeun ka Bena.

Bena ngasongkeun tali eles. Ari tali eles kuda nu ditumpakan ku Putri Anjungsari jeung Rait mah dicokot ku tukang jaga kuda. Kuda tiluanana dibawa ka tempatna, dipernahkeun misah jeung kuda nu geus aya. Tali elesna dilaan. Tukang jaga kuda mawa parab kuda ti pipir warung sarta ditunda dina wadahna.

Sanggeus katempo kuda diperenahkeun kalayan hade, Putri Anjungsari, Bena jeung Rait arasup ka warung. Tiluanana ngajenghok pisan basa nempo Olot Kaya jeung Ranah keur dariuk, sameja jeung lalaki duaan katut awewe saurang nu sapantar jeung Putri Anjungsari, malah keureutan beungeutna ampir sarua jeung Putri Anjungsari.

Olot Kaya mere tanda sangkan Putri Anjungsari, Bena jeung Rait, ulah haliwu, kudu api-api teu wawuh. Diturut. Tiluanana diuk dina bangku nu masih keneh kosong, pagigir-gigir jeung meja Olot Kaya. Putri Anjungsari diukna sorangan, ari Bena jeung Rait diuk sabangku. Dina meja geus ngabarak kadaharan.

Wadah cai jeung bekong oge geus nyampak, tinggal nyicikan. Caina teh aya nu haneut jeung aya nu tiis. Tukang warung, lalaki saurang jeung awewe saurang sakapeung ngareretan Putri Anjungsari. Sakapeung ngareret ka Olot Kaya sabatur-batur. Atuh Bena jeung Rait rada taki-taki, ngan teu nyirikeun.

Olot Kaya jeung Ranah kaluar ti warung ti heula, dituturkeun ku nu awewe jeung lalaki nu duaan.  Olot Kaya, Ranah, jeung nu lalaki duaan, katempona teh siga nu ajriheun pisan nu awewe. Nempo kitu, Putri Anjungsari seuri leutik, ngan ditungkup ku ramo katuhueunna. Bena jeung Rait mah ukur keom.

Sanggeus rada lila reureuh, Putri Anjungsari amitan ka tukang warung make sora mamalihan.

“Teu meuting di dieu, geus burit? Tempat mah aya,” ceuk tukang warung.

“Kami kudu gancang tepi ka nu dijugjug,” tembal Putri Anjungsari.

Rait nitah ngitung sabarahaeun kadaharan nu didahar ku tiluan. Parab kuda jeung buruh tukang jaga kuda sina diitung. Sanggeus babayar, Putri Anjungsari, Bena, Rait kaluar ti warung, leumpang ka tempat kudana dicangcang.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x