“Limaan, nu opatan mah pandeuri. Kula ti heula,” tembal Gingin.
“Naha ti heula?”
“Kaluman. Kudu leumpang marengan aki-aki,” ceuk Gingin bari seuri.
“Saha kitu?” ceuk nu nanya nyusul tepus, maksudna mah nanyakeun aki-aki nu disebutkeun ku Gingin.
“Nu dipokolot ku kami. Urang Cikupa,” omong Gingin.
“Urang Cikupa? Saha ngaranna?”
“Aki Jaya.”
“Aki Jaya?”
“Teu salah. Andika wawuh?” ceuk Gingin panasaraneun.
“Moal capeeun Aki Jaya mah najan kudu hiber oge,” tembalna bari mancal kana kudana.