Putri Anjungsari (57). Nyanghareupan Prajurit Cirebon nu keur Ngudag Urang Pajajaran

16 Maret 2023, 05:30 WIB
Putri /Budi Riyanto/Galura

PANGANGURAN Gingin ngilikan titincakan nu beueus ku ciibun, tapak talapok kuda kaciri keneh. Ngan sawareh geus katimpah ku tarumpah. Meureun katincakan ku nu laleumpang tadi nu henteu tulus asup ka warung. Moal boa nu laleumpang teh nyusul atawa nu ngudag Olot Kaya, Rait, jeung Ranah?

Keur jongjon laleumpang, kadenge ti tukang sora talapok kuda sarta beuki lila beuki deukeut. Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin kitu deui Suba, ngarandeg, sarta ngaralieuk ka tukang. Katempo kuda opat ditegarkeun. Nu tumpakna mani ngadepong-ngadepong wae, siga nu keur balap. Kudana kajeueungna harade.

Aki Jaya, Asmita, Atus, Gingin, jeung Suba, mareped ka sisi, mere jalan, ongkoh inggiseun kadupak bisi nu tumpakna teu awaseun. Tapi kuda nu panghareupna waktu geus deukeut pisan ka Aki Jaya sabatur-batur dikenyed sarta eureun gigireun pisan Aki Jaya. Kitu deui kuda tukangeunana, areureun ngadadak.

Baca Juga: Baduy Urang Kanekes Naha Enya Asalna ti Pajajaran?

“Ki Silah, arep na endi?” ceuk nu tumpak kuda panghareupna.

“Kula arek ngaler,” tembal Aki Jaya.

“Sampean delok wong podo karo aku?” tanyana.

“Ora,” ceuk Aki Jaya.

“Ya, wis,” ceuk nu tumpak kuda bari ngenyed tali eles. Kudana ngaberetek deui lumpat, tukangeunanana oge nuturkeun.

Aki Jaya mere tanda sangkan neruskeun deui leumpang.

Baca Juga: Anis Jatisunda: Dina Agama Sunda Pajajaran Aya Sadat Sunda

“Saha, Ki, kira-kirana?” ceuk Atus panasaran.

“Sigana perjurit Carbon, nanyakeun baturna,” tembal Aki Jaya.

“Baturna boa nu tadi teu tulus ka warung,” Gingin mairan.

“Sigana perjurit Carbon nu tadi di patilasan panggih. Tapi naha baralik deui? Apan cenah rek ka kulon,” ceuk Asmita.

“Meureun baturna tinggaleun, didagoan teu jebul wae, terus diteang, tapi ari pamanggulna teu milu, nu nanya geuning waktu urang pasarandog di patilasan di Rajamandala,” ceuk Atus.

Baca Juga: Angklung  Buhun Kanekes, Bukti Angklung geus Aya Jauh Samemeh Jaman Karajaan Pajajaran

“Enya, inget," ceuk Gingin. "Boa-boa nyusud perjurit Carbon nu kamari beurang tikerelep dina leuwi Cimanuk."

Aki Jaya ujug-ujug ngarandeg, ngalieuk ka tukang.

“Ta, jeung Atus, Gingin, buru-buru susul anu tarumpak kuda. Aki jeung Suba pandeuri,” pokna.

“Mun geus kasusul, kumaha?” ceuk Gingin.

“Awaskeun wae, tuturkeun, ngan ulah tepi ka maranehna nyahoeun.”

Asmita ngalieuk ka Atus, jeung ka Gingin.

“Hayu,” pokna.

Baca Juga: Pamujaan, Tempat Ngaraketkeun Diri ka Nu Maha Kawasa, Agama Sunda Jaman Pajajaran

Belesat tiluanana lumpat tarik naker, sukuna siga nu teu nincak kana lemah. Ngan sakolepat geus katempo deui. Aki Jaya jeung Suba oge neruskeun leumpangna, rada digancangan, Aki Jaya leumpangna ngincid, lengkahna kerep. Suba ngiclik nuturkeun tukangeunana bari nganggeran anggangna.

“Ki, moal tumpak si belang ambeh tereh?” ceuk Suba.

“Ilaing mah,” tembal Aki Jaya bari seuri.

Baca Juga: Cirebon Misahkeun Maneh ti Pajajaran, Walangsungsang Ngeclakeun Cipanon

*

TACAN jauh nu tarumpak kuda teh.  Sakeudeung oge kasusul. Ongkoh kudana teu bisaeun beberetekan lantaran jalanna mudun, jeung pungkal- pengkol tur leueur ku ciibun.  Asmita, Atus jeung Gingin lumpatna henteu tarik deui malah mah saterusna leumpang ngeteyep, sasalingkeran bisi nu tarumpak kuda nyarahoeun.

“Tus, piheulaan. Susul nu laleumpang tadi,” ceuk Asmita ka Atus.

“Naha?”

“Talingakeun wae,” tembal Asmita.

Atus ngagajleng ka sisi huma, laju ngabelesat lumpat, mapay sisi huma nu anyar keneh dipanen. Nu tarumpak kuda kasusul. Sanggeus di hareupeun nu tarumpak kuda, Atus angger lumpatna sisi huma, henteu di jalan. Ngajaga bisa anu tarumpak kuda apaleun, najan lebah dinya mah harieum keneh ku tatangkalan.

Sanggeus sawatara jongjonan lumpat, Atus mireungeuh di deukeut saung huma, teu pati jauh ti jalan, aya opat urang nu  keur narangtung siga baringungeun, laluak-lieuk, siga aya nu diteangan. Leungeun katuhuna, nyarekel perah pedang nu ngadaplok dina cangkengna. Dideukeutan, tembong saurang deui, ngagoler handapeun saung.

Baca Juga: Walangsung Ngababakan, Jadi Panguasa tapi Angger Babakti ka Pajajaran

Atus nyalingker kana tukangeun gundukan rungkan saliara nu anyar dicacar tacan diduruk. Teu katuturkeun kumaha mimitina saurang tina opatan ujug-ujug gagaleongan bari nyekel tarangna, bru nambru. Anu tiluan rareuwaseun. Pedangna dicabut sarta dicekel ku dua leungeunna, sukuna masang kuda-kuda.

“Ki Silah, bantuan kami,” kana ceuli Atus ujug-ujug aya nu ngaharewos ti tukangeun.

Puguh wae Atus ngagurubug, kageteun. Ngagentak malik ka tukangeunana. Saurang lalaki nu mawa buntelan geus nagog tukangeunana bari mencrong ka lalaki nu tiluan nu angger nyarekel pedang. Ditelek-telek siga lalaki nu tadi  di warung ngetruk-ngetruk kendi nu saterusna lelenggutan nundutan. Kaluar ti warung sanggeus ngadenge sora nu laleumpang.

“Anu perlu dibantu?”

“Kami kudu sagancangna meruhkeun eta nu tiluan.”

“Sababna?”

“Keur ngudag-ngudag urang kulon,” tembal eta lalaki. “Tapi meruhkeunana tong ditaragal, bongohan wae.”

“Naha?”

“Ambeh teu cape,” ceuk eta lalaki deui.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler