Hj. Emma Dety Dileler Pangajèn Manggala Karya Kencana ti BKKBN

- 29 Juni 2024, 06:30 WIB
Ketua TP PKK Kabupaten Bandung narima pangajèn  Manggala Karya Kencana dina acara puncak Peringatan Hari Keluarga Nasional (Harganas), di Gedung Gradika  Bhakti Praja ota Semarang, Jawa Tengah, Jumaah (28/06/2024).
Ketua TP PKK Kabupaten Bandung narima pangajèn Manggala Karya Kencana dina acara puncak Peringatan Hari Keluarga Nasional (Harganas), di Gedung Gradika Bhakti Praja ota Semarang, Jawa Tengah, Jumaah (28/06/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ketua TP PKK Kabupaten Bandung Hj Emma Dety Permanawati narima pangajèn Manggala Karya Kencana dina acara puncak Peringatan Hari Keluarga Nasional (Harganas), di Gedung Gradika Bhakti Praja Jalan Pahlawan Kota Semarang, Jawa Tengah, Jumaah (28/06/2024).

Manggala Karya Kencana tèh pangajèn luhur nu dibikeun Pamarèntah Pusat ku Badan Kependudukan dan Keluarga Berencana Nasional (BKKBN) ka tokoh nu dianggap mibanda dedikasi luhur kana program ngadalian cacah jiwa.

Emma Dety, Ketua TP PKK Kabupaten Bandung dipeunten salasahiji Ketua TP PKK nu kacida nolih kana program Kependudukan jeung Keluarga Berencana dina pangwangunan kulawarga raharja.

Emma Dety ogè dianggap teu welèh ngawanohkeun ka warga Kabupaten Bandung, utamana kana program percepatan penurunan stunting.

Tim Penggerak PKK teu welèh sayaga kolabirasi dina nyukseskeun program Pembangunan Keluarga, Kependudukan dan Keluarga Berencana (Banggakencana) program BKKBN.

Peran aktif PKK dina ngagerakkeun program Banggakencana sajalan jeung 10 program pokok PKK nu disinergikeun jeung program Ketahanan Keluarga. Iwal ti kitu ngagerakeun kader PKK dina mèrè Komunikasi Informasi Edukasi (KIE) kana sasaran nu bakal KB dilaksanakan panglayanan keluarga berencana sinergis jeung program kampung KB.

Emma Dety nganuhunkeun ka sakumna pihak nu geus ngarojong dirina tepi ka narima pengajèn Manggala Karya Kencana.

"Ku ieu pangajèn tiasa nambih sumanget kanggo simkuring ngaronjatkeun pangabdian ka masarakat, minangka wujud pengabdian ka Allah SWT," ceuk Emma Dety.

Ceuk Emma Dety, masarakat ayeuna leuwih cerdas pikeun milu program KB nu diayakeun pamarèntah.

"KB sanès kanggo ngahalangan atanapi ngawates jumlah murangkalih, tapi ngatur jarak kalahiran, kanggo ngajagi kasehatan reproduksi indung," ceuk Emma Dety.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah