Maruarar Sirait Ngabagikeun 'THR' keur Warga Majalengka

- 13 April 2024, 17:10 WIB
Bang Ara nu dia pemilu 2024 ngarojong Prabowo sarta kaluar ti PDIP ngabagikeun sembako keur warga Majalengka (09/04/2024).
Bang Ara nu dia pemilu 2024 ngarojong Prabowo sarta kaluar ti PDIP ngabagikeun sembako keur warga Majalengka (09/04/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID  - Sanajan geus teu jadi anggota DPR RI di Dapil IX Jabar, Kabupaten Sumedang, Majalengka jeung Subang (SMS), Maruarar Sirait nu kaluar ti PDIP tembong masih ngariksa konstituenna.

Saperti di Majalengka, politikus anu dipikawanoh ngaranna Ara teh ngabagikeun rebuan paket  sembako keur warga Majalengka sarta ngabagikeun THR keur militansina.

Rebuan paket sembako anu dibagikeun keur warga Majalengka teh hasil gotong royong Ara jeung Koordinator relawan Sahabat Bang Ara, Dena Muhamad Ramdhan.

Baca Juga: Legislator Fraksi PDIP H. Dadan Konjala, SH, Miharep dina Milad ka 383 Kabupaten Bandung Leuwih Hade

"Alhamdulillah dinten ieu parntos dibagikeun 1.000 paket sembako ti Bang Ara kangge warga Majalengka," ceuk Dena, Salasa (09/04/2024).

Ceuk Dena, Ara teh wijaksana. Dina kituna, ceuk Dena, Ara moal ninggalkeun jasa simpatisanna anu geus marenganana salila ieu.

"Bang Ara negarawan sajati, wijaksana jalmina. Bang Ara moal dugi ka ngahilapkeun jasa jalmi-jalmi anu tos nyarenganana, sanaos anjeunna teu janten deui anggota DPR sareng teu mibada kapentingan pulitik," ceuk Dena.

"Kadeudeuh ti Bang Ara janten buktos  anjeunna masih emut ka warga Majalengka," ceuk Dena anu oge Ketua KADIN Kabupaten Majalengka.

Rebuan paket sembako anu disalurkeun Sahabat Bang Ara lain ngan saukur dibagikeun ka kalangan militansina. Kalangan profesi jurnalis nepi budayawan oge meunang bagean.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x