Getapan, Pulisi Nimukeun Budak Umur 4 Taun di Rest Area Km 166 Tol Cipali, Majalengka

- 13 April 2024, 09:02 WIB
Getapanana polisi Polres Majalengka di Pos Pelayanan Rest Area Km 166 Majalengka neangan budak nu pisah jeung kolotna.
Getapanana polisi Polres Majalengka di Pos Pelayanan Rest Area Km 166 Majalengka neangan budak nu pisah jeung kolotna. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Tagiwurna anu jadi bapa jeung indung nalika budakna kasasab jadi carita sedih anu ditungtungan ku bungah di Rest Area Km 166 Tol Cipali, Majalengka.

Respons cepat patugas Pos Yan Ops Ketupat Lodaya 2024 Polres Majalengka, Polda Jabar di Rest Area eta, saurang budak umur 4 taun  ditimukeun rengse papisah ti kolotna, Jumaah (12/4/2024).

Kronologi kajadian mimitina nalika budak eta diajak ku bapana ka masjid Rest Area pikeun ngalaksanakeun Sholat Jumaahan. Tapi, nalika  bapa jeung budak papisah, diteangan teu kapanggih.

Baca Juga: Dandim 0617/Majalengka Ngaluuhan Apel Gelar Pasukan Operasi Ketupat Lodaya Taun 2024 Tingkat Polres Majalengka

"Simkuring tagiwur tur hariwangng nalika sadar pun anak teu aya di sagedengeun nalika ka jamban. Dipaluruh kaditu kadieu teu kapendak wae," ceuk Sopyan jeung Desi, kolotna budak anu leungit.

Biang gancang lapor  ka patugas Pos Pelayanan Ops Ketupat Lodaya 2024 Polres Majalengka anu mancen tugas di Rest Area KM 166 Tol Cipali. Teu ngatik lila deui, patugas gancang maluruh sacara intensif di sabudeureun area rest area.

"Simkuring katut patugas sanesna maluruh ka sadaya area lingkungan Rest Area. Alhamdulillah, mendakan murangkalih eta dina kaayaan hade teu kirang nanaon," ceuk petugas.

Rengse ditimukeun, patugas langsung ngabewarakeun ngaliwatan speker keur nyalukan kolotna budak. Dibarung ku rasa bungah Sofyan jeung Desi gancang muru ka Pos Pelayanan 

"Hatur nuhun ka Pulisi Polres Majalengka anu tos mendakan pun anak. Simkuring ngucapkeu  syukur  kana bantosan oge respons cepat aranjeunna," ceuk  Sopyan jeung Ibu Desi.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x