Sugan Aya nu Wawuh, Urang Lampung Kalunta-Lunta di Bandung geus 10 Poè

- 3 April 2024, 15:11 WIB
Muchtar S,  (54  taun),  urang Desa Bakung Udik, Kecamatan Kedung Meneng, Kabupaten Tulang Bawang Proprinsi Lampung. Ngakuna geu kana 10 poè kalunta-lunta di Bandung.
Muchtar S, (54 taun), urang Desa Bakung Udik, Kecamatan Kedung Meneng, Kabupaten Tulang Bawang Proprinsi Lampung. Ngakuna geu kana 10 poè kalunta-lunta di Bandung. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ngarana Muchtar S, (54 taun), urang Desa Bakung Udik, Kecamatan Kedung Meneng, Kabupaten Tulang Bawang Provinsi Lampung. Ngakuna geus kana 10 poè kalunta-lunta di Bandung.

Cenah, rek ka kawawuhanana di Soreang, tapi alamatna teu jelas, jeung teu boga nomer telepon nu bisa dikontak. Ku kituna, pihak kapuliasian, Polsek Margahayu ngajajap Muchtar ka Kantor Kecamatan Margahayu pikeun diungkulan.

Ti pihak kapolisian Polsek Margahayu, nyebutkeun pangna Muchtar dibawa ka Kantor Kecamatan Margahayu, sabab pihak kapulisian meunang laporan ti warga, di hiji warung sangu di lelewek Desa Margahayu Selatan aya jalma kalunta-lunta.

Baca Juga: Kadiskominfo: Bupati Hayang Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung Jadi Banda Masarakat

Dipariksa tèh, horèng Muchtar geus dibèrè surat katetangan ti Polsek Cimahi rujukan keur ka Dinas Sosial Provinsi Jawa Barat. Tapi cenah mah Muchtar ngejat basa rek dikarantina heula.

Intina, Muchtar hayang balik ka lemburna ngan teu bogaeun bekel. Ayeuna Muchtar ku pihak Kecamatan Margahayu dijajapkeun ka UPT/ Satgas Keterlantaran di Baleendah.

Kasi Sosbud Kecamatan Margahayu, Teti Nuryati nyebutkeun, pihak kecamatan ukur ngafasilitasan pikeun ngajajapn ka UPT Dinas Sosial di Baléendah, urusan nu kaliunta-lunta deuk dijajapkeun ka lemburna atawa kumaha bawè éta maha kawenangan pihak nu katitipan. "Engkè aya asismen ti ditu, " ceuk Teti.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x