Kadiskominfo: Bupati Hayang Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung Jadi Banda Masarakat

- 30 Maret 2024, 06:27 WIB
Kepala Dinas Komunikasi, Informatika, Statistik dan Persandian (Diskominfo) Kabupaten Bandung H. Yosep Nugraha.
Kepala Dinas Komunikasi, Informatika, Statistik dan Persandian (Diskominfo) Kabupaten Bandung H. Yosep Nugraha. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Kabupaten Bandung panceg 383 taun dina 20 April 2024 engkè. Pamarèntah Kabupaten Bandung geus ngararancang sababaraha agenda dina raraga milangkalana.

Kepala Dinas Komunikasi, Informatika, Statistik dan Persandian (Diskominfo) Kabupaten Bandung H. Yosep Nugraha nètèlakeun, agenda kagiatanana teu bèda jauh ti taun samèmèhna. Ngan, aya nu dipikahayang tina buah  pamikiran Bupati Bandung, HM. Dadang Supriatna.

"Anjeuna palayeun supados milangkala Kabupaten Bandung ieu dipibanda masarakat, teu ukur banda pamarèntah daerah, " ceuk Yosep Nugraha satutas ngaluuhan acara buka puasa bareng PWI Kabupaten Bandung di Sekretariat PWI Kabupaten Bandung di Soreang, Juma'ah, 29 Maret 2024.

Baca Juga: PWI Ngabuburit Bareng Kadis Kominfo Kabupaten Bandung, H. Yosep Nugraha Dipentes Nepikeun Tausiah

Yosep nyebutkeun, salila ieu kagiatan milangkala Kabupaten Bandung ngan museur di Soreang. Jang milangkala ka 383 Kabupaten Bandung , ceuk Yosep sajaba gumebyar di Soreang, ogè disumebarkeun di wilayah-wilayah, masarakat teu ukur nyaho, tapi ngarasakaeun heuabna.

"Sajabi serimonial aya sababaraha kagiatan bawiraos ieu baris gumebyar, nyaèta diayakeun Festival Kebudayaan, nu dilaksanakeun teu ukur sadinten, tapi sababaraha dinten, mintonkein pirang-pirang kasenian. Sakum dinas aub, tur Disbudpar museur dina festival, " ceuk Yosep.

Ceuk Yosep, baris dipintonkeun ogè kasenian unggulan, utamana seni tradisi jeung nu tarafna nasional, sangkan bisa mincut para pangunjung teu ukur ngarasakeun acara hajat milangkala, tapi ogè wisata.

"Diirumuskeun Disbudpar kanggo ngangkat kasenian unggulan, utamina kasenian tradisional, " ceuk Yosep.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x