Cacad Demokrasi, Saksi di TPS 3 Desa Jingkang Kecamataan Tanjungmedar Sumedang Diintimidasi Teu Bisa Asup

- 28 Maret 2024, 16:28 WIB
Ketua Bawaslu Kecamatan Tanjungmedar, Ani Siti Maryani, SE.
Ketua Bawaslu Kecamatan Tanjungmedar, Ani Siti Maryani, SE. /Yaya/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Hasil Pemilu 14 Februari 2024, hasil pileg jeung pilpres, geus diumumkeun ku KPU. Najan kitu, Ketua Panwaslu Kecamatan Tanjungmedar Kabupaten Sumedang mibanda catetan husus ngeunaan lumangsungna pesta demokrasi lima taunan di wilayahna.

Dina siaran persna nu katarima ku Galura, Ketua  Bawaslu  Kecamatan Tanjungmedar, Ani  Siti Maryani, SE nyebutkeun di TPS 3 Desa Jingkang saksi diintimidasi ku ketua TPS teu bisa asup ka lokasi, najan geus mawa surat tugas jeung sagala rupa sarat adiministrasi.

Ketua TPS 3 Desa Jingkang keukeuh nyaram saksi asup pikeun nyaksian lumangsungna pemungutan suara. Ahirna ieu pasualan dibawa ka tingkat desa. KPPS Dsa Jingkang sapamadegan jeung ketua TPS 3 Desa Jingkang, saksi tetep teu meunang asup.

Sacara normatif Ani Siti Maryani nu narah ngabejakeun saksi ti mana nu dilarang asup di TPS 3 Dersa Jingkang nyebutkeun ieu pasualan balukar miss communication.

Ani teu marelekeun naon nu ngalantarankeun miss communication teh. “Tiasa direngskeun di Panwascam,” pokna.*** Yaya Kuswaya

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x