Alatan Pangrojong Bupati Gedè Naker RDTR Kabupaten Bandung Panggancangna jeung Panglobana

- 21 Maret 2024, 09:06 WIB
Kabid Tata Ruang DPUTR Kabupaten Bandung  Dedi Gunawan, ST., M. M.
Kabid Tata Ruang DPUTR Kabupaten Bandung Dedi Gunawan, ST., M. M. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Rencana Detail Tata Ruang (RDTR) Kabupaten Bandung panggancangna jeung panglobana, tepi ka dileler pangajèn Kabupaten/Kota dengan Capaian RDTR Tercepat dan Terbanyak se-Indonesia ku Kementerian Agraria dan Tata Ruang/Badan Pertanahan Nasional (ATR/BPN) September 2023 kamari.

Kepala Dinas Pekerjaan Umum dan Tata Ruang (DPUTR) Kabupaten Bandung, Dr. Ir. H. Zeis Zultaqawa, S.T., M.M NU ditepikeun ku Kabid Tata Ruang DPUTR Kabupaten Bandung Dedi Gunawan, ST., M. M nètèlakeun, gancangna RDTR dipiharep bisa nyurung tumuwuhna paèkonomian jeung investasi di daerah.

Dedi Gunawan, nyebutkeun ti 31 kecamatan, 1 kawasan strategis nu geus disahkeun tepi ka taun 2024. "Kalayan luasan 7 RDTR. Luasan  1 Bojongsoang, ka-2 RDTR Tegalluar, ka-3 RDTR Baleendah, nu ka-4 RDTR Kawasan Soreang Terpadu ngawengku  5 kecamatan, katut pamungkas RDTR Nagreg sareng Cicakengka, " pokna di rohang gawèna, Rebo, 20 Marer 2024.

Baca Juga: Ku SIMBG Ngajukeun PBG Leuwih Gancang jeung Transparan

Dedi Gunawan ngajelaskeun, pikeun taun ieu pihakna keur ngajukeun 6 RDTR dijadikeun Persub, ditargètkeun maksimal ahir taun jadi RDTR 6 deui. "Teras taun ieu ogè nuju nyusun 6 RDTR deui 9 kecamatan. Prinsipna, taun 2025 sadaya penyususunan RDTR rèngsè, " pokna.

Ceuk Dedi Gunawan, ti 31 kecamatan, di taun 2025 ditargetkeun 16 kecamatan geus tayang di Distar. "Janten nargètkeun taun 2025 tèh bèrès panyusunan sadaya RDTR, sareng taun 2027 sadayana tayang di Distar, " pokna.

Ceuk Gunawan perlu startegi jeung kawijakan, boh tina segi kawijakan fiskal boh nu sifatna strategis.

Ku kituna, Gunawan kacida ngaapresiasi ka Bupati Bandung, Dadang Supriatna lantaran kacida kuat dukunganana. "Numutkeun simkuring nembè priode bupati ayeuna kawijakan kana RDTR tèh ageung pisan,  tina panganggaran, tiasa 4 kali tikel ti nu kapungkur. Kamari-kamari  kenging dana Rp1 milyar dugi ka Rp 1, 5 milyar. Taun ayeuna Rp 7,5 milyar kanggo nyusun RDTR. Ti taun ka taun ngaronjat," pokna.

Ieu tèh, ceuk Gunawan, ku lantatan bupati ngingetkeun ku lobana RDTR nu investasi mingkin gampil. "Kapungkur apanan teu kieu, kedah bubulanan kanggo izin. Ayeuna dina ètangan dinten izin tiasa kaluar," pokna. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x