Legislator Fraksi Gollkar, H. Yanto Teu Sugema ku Fungsi DPRD Kiwari

- 14 Maret 2024, 10:52 WIB
Legislator Fraksi Golkar DPRD Kabupaten Bandung, H. Yanto Setianto.
Legislator Fraksi Golkar DPRD Kabupaten Bandung, H. Yanto Setianto. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Legislator Fraksi Golkar DPRD Kabupaten Bandung, H. Yanto Setianto, ngarasa teu sugemaeun kana fungsi anggota DPRD kabupaten kota katut DPRD provinsi kiwari.

"Upami maos Undang-Undang Nomer 23 Tahun 2014, anggota DPRD kabupaten kota katut DPRD provinsi tèh penyelenggara pemearentah daerah. Janten sok sanaos adug-adugan ngadugikeun kamandang atanapi pamendak teu aya hartosna," ceuk H. Yanto waktu basa ditepungan satutas reses di Margahayu, Rebo, 13 Maret 2024.

"DPRD sanès pengawas. Sami sareng inspektorat upami di dinas mah. Dinas ngawas dinas deuii, naon hartosna. Bènten sareng DPR RI, enya pisan trias politikana tèh, legislatif nu fungsina ngawas, nganggarkeun, sareng legislasi tèh dijalankeun, " ceuk ieu politisi Golkar nu milih reureuh dina ahir 3 periode di DPRD Kabupaten Bandung teh.

Baca Juga: Pemilu 2024, Ketua DPRD Kabupaten Bandung Ngamalum sok Aya Human Eror di Tingkat PPS

H. Yanto teu panuju lamun dirina nganggap fungsi DPRD Kabupaten Bandung teu jalan. "Simkuring teu nuduh kutu. Mung teu sugema wè, " tandesna.

Ketua Komisi C nu ngamimitian karirna di DPRD Kabupaten Bandung ti taun
2009 teh nyontokeun, legislasif nyieun peraturan daerah, dikonsep ku eksekutif. "Dewan wegah macana. Sanès dibaca atanapi dikoreksi, upami harorèam mah ngaguluyur kitu waè, " pokna.

Dina palebah penganggaran, ceuk H.Yanto, sanajan aya sering, adug-adugan di panganggaran naon margina hiji hal tèh dianggarkeun.

"Upamana ku naon PKK dianggarkeun, dibayarkeun BPJS-na. Ku naon teu dipilih nu teu mampuma wungkul. Upami nganggo label PKK tiasa waè istrina konglomerat. Conto, wargi abdi carogèna tuan tanah, tanahna lega di mana-mana, istrinya aya dina daftar di PKK, waktos lebet rumah sakit dibayarkeun BPJS-na. Dugika ku simkurind dilèlèwè, tah ieu kaum duafa nu beunghar tèh," pokna.

Baca Juga: Pangpunjulna Sora di Dapil 2, Caleg DPRD Kabupaten Bandung ti PKS, H. Dadang Suryana Nganuhunkeun ka Relawan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x