H.Yanto teu satuju BPJSna keur hiji organisasi, kuduna mah individuna.
"Jalmina wè langsung nu dibayarkeun BPJS, teu nyanyandak organisasi. Upamina anggota karangtaruna, pilihan wè nu teu mampuna, " ceuk Yanto.
Ceuk H.Yanto , BPJS tèh murah meriah, tapi teu pas kana sasaran. "Upami simkuring ngalanto ka pilemburan, di lapangan masih kènèh seueur nu teu mampu tapi teu gaduh BPJS, " pokna.
H. Yanto nyebutkeun, untung ayeuna ayab kawijakan pemerintah pusat ku UHC-na diproses Surat Keterangan Tidak Mammpu (SKTM)-na. "Janten panto lebetna kedah teu damanh heula, nembè tiasa kèngèng BPJS nu dibayar pamarètah. Upami henteu teu damang heula sareng dirawat ulah miharep tiasa kenging BPJS nu dibayar pamarèntah," pokna.*** Sopandi