Bhabinkamtibmas Aub dina Donor Darah nu Dilaksanakeun Kodim 0617 Majalengka jeung PMI Cabang Majalengka

- 1 Maret 2024, 09:00 WIB
Bripka Dwi Biyantoro, Bhabinkamtibmas Kalurahan Cicenang   aub dina  donor darah anu dilaksanakeun ku Kodim 0617 Majalengka rempug gawe jeung Palang Merah Indonesia (PMI) Cabang Majalengka.
Bripka Dwi Biyantoro, Bhabinkamtibmas Kalurahan Cicenang aub dina donor darah anu dilaksanakeun ku Kodim 0617 Majalengka rempug gawe jeung Palang Merah Indonesia (PMI) Cabang Majalengka. /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bripka Dwi Biyantoro, Bhabinkamtibmas Kalurahan Cicenang ti Polsek Cigasong, Polres Majalengka, Polda Jabar, aub dina kagiatan donor darah anu dilaksanakeun ku Kodim 0617 Majalengka rempug gawe jeung Palang Merah Indonesia (PMI) Cabang Majalengka.

Donor darah dilaksanakeun dina raraga mieling Hari Ulang Tahun ka-78 Persit Kartika Chandra Kirana taun 2024. Ieu teh wujud nyata sinergitas antara TNI, Polri, jeung masarakat dina kagiatan sosial.

Bripka Dwi Biyantoro aub dina ieu kagiatan bukti rojongan kana tarekah sasadian darah keur kaperluan medis jeung kamanusiaan.

Baca Juga: Polres Majalengka Gelar Rekonstruksi Rajapati di Hareupeun Pakarangan SD Negeri Simpeureum II

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K, M.Si., CPHR., ditepikeun Kapolsek Cigasong, Iptu Adeng, ngapresiasi kana partisipasi Bhabinkamtibmas dina kagiatan donor darah nu dilaksanakeun ku Kodim 0617 Majalengka jeung PMI Cabang Majalengka.

"Naon anu dilaksanakeun ku Bhabinkamtibmas buktos perhatosanana Polri kana kagiatan kamanusiaan. Donor darah mibanda dampak ageung dinya nyalametkeun nyawa," ceuk Iptu Adeng nalika dikonfirmasi, Kemis (29/02/2024).

Kapolsek Cigasong nambahkeun salian kagiatan donor darah, sakumna Bhabinkamtibmas oge diperedih keur neiukeun cumelukna kamtibmas ka warga binaanana nalika ngalaksanakeun kagiatan sambang.

"Dipiharep Bhabinkamtibmas sanes mung masihan rasa aman, namung oge masihan ajen-inajen kamanusiaan ka masarakat," ceuk Iptu Adeng.

Kagiatan donor darah anu diiluan ku Bripka Dwi Biyantoro dipiharep bisa jadi inspirasi keur masarakat liana: aub dina kagiatan kemanusiaan.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x