Patroli Tiga Pilar di Kantor Bawaslu Kabupaten Majalengka keur Nyiptakeun Kaamanan jeung Kondusifitas

- 29 Januari 2024, 16:00 WIB
Anggota Polsek Majalengka Kota ti Polres Majalengka Polda Jabar, Unsur TNI, jeung Satuan Polisi Pamong Praja (Sat Pol PP) Kabupaten Majalengka ka kantor Bawasklu  (28/01/2024).
Anggota Polsek Majalengka Kota ti Polres Majalengka Polda Jabar, Unsur TNI, jeung Satuan Polisi Pamong Praja (Sat Pol PP) Kabupaten Majalengka ka kantor Bawasklu (28/01/2024). /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Tarekah keur nyiptakeun situasi nu aman tur kondusif mapag sababaraha agenda penting, Tiga Pilar di Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, patroli bareng ka Kantor Badan Pengawas Pemilu (Bawaslu) Kabupaten Majalengka, Ahad peuting (29/01/2024).

Anggota Polsek Majalengka Kota ti Polres Majalengka Polda Jabar, unsur TNI, jeung Satuan Polisi Pamong Praja (Sat Pol PP) Kabupaten Majalengka sabeungkeutan dina ngalaksanakeun patrol. Mastikeun kaamanan di sabudeureun kantor Bawaslu, lengkah preventif mapag sababaraha agenda penting, kaasup Pemilu.

Patroli tujuanna keur mere rasa aman ka masarakat, hususna di wewengkon Kecamatan Majalengka. Kalayan sinergitas, Tiga Pilar dipiharep bisa ngantisipasi jeung ngungkulan potensi gangguan kaamanan nu kamungkinan bakal kajadian.

Baca Juga: Ngaluuhan Hajatan Rakyat di Cirebon, Ganjar Nyabit Kasus Aiman WIcaksono

"Aktivitas patrol teh buktos sauyunana antawis kapulisian, TNI, sareng Sat Pol PP dina ngajagi kaamanan tur katartiban. Dipastikeun situasi di sabudeureun kantor Bawaslu tetep aman tur kondusif," ceuk Kapolres Majalengka Polda Jabar AKBP Indra Novianto,S.I.K.,M.Si., CPHR., ditepikeun ku Kapolsek Majalengka Kota AKP Iwan Sutari,S.IP.,M.AP.

Salila patroli, patugas oge ngadatangan sababaraha titik strategis lianna di sabudeureun kantor Bawaslu, kaasup area-area rawan jeung fasilitas umum. Tarekah kieu dilaksanakeun pikeun ngaminimalisir potensi ancaman sarta mere rasa aman ka masarakat nu keur ngalaksanakeun aktivitasna di sabudeureun eta wewengkon.

"Dipiharep patroli Tiga Pilar tiasa masihan efek positif kangge tingkat kaamanan sareng kamerenahan masarakat, sarta janten conto sinergi positif antawis aparat kaamanan sareng pamarentah daerah dina ngajagi stabilitas kaamanan di Kabupaten Majalengka," ceuk Kapolsek Majalengka Kota.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x