Bawaslu Majalengka: Pentingna Peran Media di Unggal Tahapan Pemilu 2024

- 25 Desember 2023, 17:15 WIB
Bawaslu Kabupaten Majalengka jeung wartawan di Majalengka, ngariung.
Bawaslu Kabupaten Majalengka jeung wartawan di Majalengka, ngariung. /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ketua Bawaslu Majalengka, Dede Rosada, S.Pd., netelakeun  media teh sarana nu jadi kabutuhan dasar kamotekaran kahirupan, kaasup dina lebah demokrasi. Anu jadi pasualan: kumaha nempatkeun media sacara efektif, efisien, profesional pikeun medalkeun kualitas demokrasi nu saluyu jeung kabutuhan sarta kahayang masarakat.

"Ku kituna dina hal ieu media ulah dijantenkeun alat kampanyeu teu pararuguh," ceuk Dede. Disebutkeun Dede, sanajan aya sarana edukasi,  publikasi saperti baliho nu ngagunakeum waragad kawilang badag, media dipeunten leuwih efektif sarta ngan ngabutuhkeun waragad nu leutik tur kahontal ku sakumna segmen.

"Babakuna masarakat nu janten pemilih dina Pemilu 2024," ceuk Dede. Pentingna peran media di satiap tahapan Pemilu 2024, Badan Pengawas Pemilihan Umum (Bawaslu) Kabupaten Majalengka gelar silaturahmi jeung awak media.

Baca Juga: Getapan,  Anggota Pos Terpadu Bandara Kertajati Nulungan Panumpang Kapal Udara

Gelaran dilaksanakeun di Kantor Bawaslu Kabupaten Majalengka, Jl. Letkol Abdul Gani No.7 Majalengka Kulon. Jumaah, (22/12/23) beurang.

Di hareupeun sakumna jurnalis nu aya dina auban sababaraha organisasi wartawan, Dede nepikeun sababaraha hal penting. Di antarana ngeunaan pengawasan tahapan-tahapan Pemilu 2024 katut hasil gawe Bawaslu Majalengka.

Disebutkeun Dede, kiwari tahapan kampanyeu geus lumangsung 25 poe. Ceuk Dede, kacatet 404 kali kampanyeu geus dilaksankeun ku sakumna pamilon pemilu nu sumebar di 26 Kecamatan sakabupaten Majalengka.

Kakara aya hiji laporan dugaan pelanggaran kampanyeu, nyaeta diruksakna Alat Peraga Kampanye (APK)  di Kecamatan Jatitujuh. Dina kasempetan eta oge, Ketua Bawaslu nyebutkeun aya hal nu teu eleh penting: pengawasan pemutahiran data pemilih.

Baca Juga: Karna Sobahi dina Pilkada Majalengka 2024, Manaskeun Mesin Partey jeung Relawan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x