Nu Manaqiban di Pesantren Hidayatul Hikmah Kabupaten Bandung Aya Jam'ah nu ti Kalimantan

- 25 Desember 2023, 04:55 WIB
Pupuhu Pesantren Hidayatul Hikmah Gajah Mekar Kutawsringin, KH. Asep Hadimi (Mang Abah).
Pupuhu Pesantren Hidayatul Hikmah Gajah Mekar Kutawsringin, KH. Asep Hadimi (Mang Abah). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Saban tanggal 11 di taun Hijriyah, Pasantren Hidayatul Hikmah Desa Gajah Mekar, Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung ngayakeun manaqiban.

Saperti 11 Jumaditsani Tsaniyah 1445 Hijriyah, ninggang di Ahad 24 Desenber 2023,  ratusan jama'ah ti sababaraha wewengkon ngadongdon Pesanten Hidayatul Hikmah ngadon manaqiban.

Pupuhu Pesantren Hidayatul Hikmah KH. Asep Hadimi (Mang Abah) nyebutkeun, ieu acara geus maneuh diayakeun, teu wungkul ti lembur nu deukeut, tapi ti luar daerah ogè loba.

Baca Juga: Panwascam Margahayu Kabupaten Bandung Nimukeun tina 11 Kampanye nu Ngarempak 6

"Ratusan jama'ah ti saban daerah. Ti Banten, Bogor, Cianjur, Jakarta, Tangerang, Serang, malihan ti Kalimantan ogè aya. Mangga simkuring ngabagèakeun, saha waè nu badè ngadoa di dieu, " ceuk Abah Amang di Pasantren Hidayatul Hikmah, Ahad 24 Desemner 2023.

Manaqiban tèh, dimimitian ti tas Asyar, dieusi ku tausiah ti ustad nu saban manaqiban ogè piligenti. Satutas tausiah tuluy solawatan, tepi ka Magrib. Laju acara poko manqiban, nyaèta kegiatan maca maca silsikah Abdul Qodir al-Jailalani.

Di Pesantrèn Hidayatul Hilmah mah, ditambahan jeung nanaqib ka luluhur wewengkon Gajah Eretan, nyaèta Eyang Dalem Gajah, Eyang Bilala, jeung lukuhur karuhun sepuh Amang Abah.

Rengsè manaqib, samèmèh bubaran ramah tamah (balakècrakan) jeung santunan. Dina manaqib. ayeuna, kana 70 kulawarga nu teu mampuh jeung budak yatim dibère santunan.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x