Caleg DPR RI Siti Tuti Susilawati Mèrè Santunan 70 Budak Yatim Bari Manaqiban di Pesantren Hidayatul Hikmah

- 25 Desember 2023, 10:20 WIB
Calon Anggota DPR RI Siti Tuti Susilawati.
Calon Anggota DPR RI Siti Tuti Susilawati. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Calon Anggota DPR RI Siti Tuti Susilawati nu leuwih dipiwanoh ku ngaran Sania, peuting tadi katitèn aya di satenging ratusan jama'ah manaqiban, di Pesantren Hidayatul Hikmad, Desa Gajah Mekar Kecamatan Kutawaringin Kabuoaten Bandung.

Penyanyi nu kungsi nyongcolang dina musik genre R & B teh aya di pesantren nu dipupuhuan lanceuk pituinna, KH. Asep Hadimi (Mabg Abah), sajaba miluan acara rutin manaqiban, ogè mèrè santunan ka 70 budak yatim jeung warga kurang mampu.

"Alhamduah ieu kagiatan maneuh dilaksanakeun. Mugian naon nu dipimaksad ku urang kdikabulkan. Aamiin ya Rabbal alamiin. Santunan ka 70 anak yatim sareng ka warga teu mampu ogè tos biasa di dieu. Mugia janten amal nu saè sareng mangpaat, " ceuk Sania dina lolongkrang acara, Ahad 24 Desember 2023.

Baca Juga: Nu Manaqiban di Pesantren Hidayatul Hikmah Kabupaten Bandung Aya Jam'ah nu ti Kalimantan

Patali kagiatan pulutikna, salila tahapan kampaanye, Sania gaku geus nguriling ka sababarha lembur di daerah pemilihan (Dapil) Jabar 2 (Kabupaten Bandung jeung Kabupaten Bandung Barat).

"Alhamdulillah di luar dugaan masarakat ngabagèakeun simkuring. Masarakat seueur nu tos kenal ka simkuring, Mung, kantun langkung ngawanohkeun deui nami nu dipasihan ti sepuh, Siti Tuti Susilawati, luyu ogè sareng Surat Suara. Margi masarakat langkung wanoh ka nami Sania, "ceuk Siti Tuti Susilawati.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x