Getapan,  Anggota Pos Terpadu Bandara Kertajati Nulungan Panumpang Kapal Udara

- 25 Desember 2023, 14:48 WIB
Panumpang Citilink nu hiber ti Den Pasar Bali  ngagoler di Bandara Kertajati alatan gering parna.
Panumpang Citilink nu hiber ti Den Pasar Bali ngagoler di Bandara Kertajati alatan gering parna. /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Salasaurang panumpang pesawat Citilink nu ngarandapan gering nu turun di Bandara Internasional Jawa Barat (BIJB) Kertajati Majalengka gancang ditulungan ku anggota Pos Terpadu Polres Majalengka, Ahad (24/12/2023).

Ieu kajadian di lante 1 BIJB jam 12.40 WIB. Citilink hiber ti  Denpasar Bali. Anggota Pos Pam BIJB Kertajati nitenan hiji lalaki ngagoler di lante. Gancang eta panumpang disampeurkeun sarta ditanya.

Eta lalaki teh ngaranna I Ketut Sumantra, pangna ngagoler lantaran gering. Anggota Pos Terpadu BIJB Kertajati buru-buru koordinasi jeung patugas kasehatan katut Puskesmas Balida.

Baca Juga: Mapag Nataru Polres Majalengka Ngamusnahkeun Miras Hasil Operasi Pekat Lodaya

Jam 13.20 WIB, kulawarga ti I Ketut Sumantra datang ka Bandara Kertajati. I Ketut Sumantra dirawat di mobil siaga ambulance Bandara Kertajati.

I Nyoman Ali Permana,  anak ti I Ketut Sumantra, ngahatur nuhunkeun ka anggota Polres Majalengka nu nulungan nu jadi  kolotna.

"Hatur nuhun kana bantosan  anggota Polres Majalengka di Bandara Kertajati. Aranjeunna  ngabantos kulawarga," ceyk I Nyoman Ali Permana.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ngaapresiasi ka anggota Pos Terpadu Bandara Kertajati nu geus nembongkeun kasiapan nulungan ka penumpang pesawat nu gering.

Baca Juga: Polres Majalengka Polda Jabar Ngungkab Tindak Pidana Korupsi Penyelewengan Dana Bantuan Koperasi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x