Kampanyeu di Majalengka Ganjar Pranowo Dibageakeun Seni Rampak Genteng

- 25 Desember 2023, 13:25 WIB
Ganjar Pranowo kampaye di Majalengka.
Ganjar Pranowo kampaye di Majalengka. /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.iD -Capres nomer 3, Ganjar Pranowo, ngapaksanakeun kampanyeu ka daerah Kertajati, Majalengka, Jawa Barat. Di acara kampanyeuna, Ganjar nyoba maenkeun kesenian Rampak Genteng.

Saptu (23/12/2023) Ganjar datang di wilayah Kertajati, Majalengka jam 14.00 WIB. Rengse istirahat sakeudeung, Ganjar muru ka tempat acara tuluy maenkeun rampak genteng.

Tembong Ganjar make kameja hideung nyepeng kenteng sarta ditakolan ku kai kana kenteng eta. Tembong oge Ketua DPC PDI P Kabupaten Majalengka, H. Karna Sobahi, Sekretaris DPC PDI P Majalengka, Tarsono D Mardiana, Anggota DPR RI, H.Tb. Hasanuddin, Bupati Majalengka, Dedi Supandi di lokasi.

Baca Juga: Dialog Capres 2024 jeung PWI, Anies Baswedan: ‘Tong Méré Dahareun ka Buzzer’

Ganjar jeung massa nu hadir oge tembong sairama maenkeun rampak genteng milu alunan gamelan nu aya. Minangka informasi, Rampak Genteng mangrupakeun keur ngagumebyarkeun 'lebaran' pikeun warga Jatiwangi, Majalengka, Jawa Barat.

Ngagumebyarkeun Rampak Genteng  geus dimimitian nalika taun 2012 katukang  bukti rasa syukur sakaligus pangajen masarakat kana lemah cai nu salila ieu geus jadi tanah jadi sumber kahirupan aranjeunna.

"Ieu mangrupa cara din ngabageakeun sagemblengna kagumbiraan kreativitas tangtosna wae aya gamelan. Sadayana ngiring nabeuhan kenteng tur ngahariring kalayan katingali pameunteu nu bingah," ceuk Ganjar di lokasi, Saptu (23/12/2023).

Ganjar nyebutkeun pangbagea Rampak Genteng eta jadi salah sahiji pangbagea nu gumebyar nu karasa salila nguriling nagara Indonesia.

"Mangrupa hiji pangbagea oge pang gumebyarna nu kungsi diraoskeun ku sim kuring salami nguriling ka Indonesia," ceuk Ganjar Pranowo.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x