Di Kabupaten Majalengka Mahabu  Roko Kadaluarsa jeung Roko Ilegal

- 11 Desember 2023, 11:36 WIB
Kepala Satpol PP dan Damkar Kabupaten Majalengka, Rachmat Kartono.
Kepala Satpol PP dan Damkar Kabupaten Majalengka, Rachmat Kartono. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Roko ilegal  jeung roko kadaluarsa masih mahabu di Kabupaten Majalengka. Roko nu geus kadaluarsa ti taun 2010 dijual bebas di warung.

Kapanggihna dina razia roko tanpa cukai nu dilaksanakeun ku Satgas Pemberantasan Barang Kena Cukai Hasil Tembakau (BKCHT) salila dua poe, 7-8 Desember 2023.

Ti hasil razia, satgas nu diwengku ku patugas Bea Cukai, TNI-Polri, PM Subdenpom Majalengka, Satpol PP, Kesbangpol  jeung Kejaksaan, manggih puluhan bungkus roko kadaluarsa. Roko nu geus expired ti mimiti 2010 ka tukang.

Baca Juga: KPUD Majalengka Ngagelar Gathering Media, Dipiharep Media Nyiptakeun Kualitas Pemilu nu Hade

"Roko expired ti ngawitan taun 2010 dugi ka kiwari 2023 masih diical. Hartosna salian ngarugelkeun nagara oge ngarugelkeun masarakat tangtosna, ngabahayakeun kangge kasehatan," ceuk Kepala Satpol PP dan Damkar Majalengka, Rachmat Kartono, Saptu (9/12/2023).

Rachmat nyebutkeun, roko kadaluarsa a ditimukeun di hiji warung nu aya di Desa Kulur, Kecamatan Majalengka. Kondisina geus copong  jeung ngepros tur ngaluarkeun bau. Lobana 7 slop atanapi 70 bungkus, eusi sabungkusna 20 siki.

“Nembe kiwari tim mendak roko sapertos ieu," ceuk Rachmat. Rachmat ngajentrekeun, razia roko tanpa pita cukai dilaksanakeun ku sabab ngabalukarkeun karugian nagara. Aumebarna roko ilegal di Majalengka masih mahabu.

Salula razia gabungan lumangsung, patugas hasil ngamankeun 71.200 batang rokok ilegal. Ieu barang bukti hasil razia nu dilaksanakeun di wilayah Kecamatan Talaga, Bantarujeg, Sukahaji jeung Majalengka.

Baca Juga: Dina Bedas Ngaleuweung IV Bupati Bandung Nyarèk Lahan Hèjo Dijadikeun Paimahan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x