"Tina hasil operasi salami 2 dinten, tos sakses diamankeun seueurna 3.560 bungkus atanapi sami 71.200 batang roko ilegal," ceuk Rachmat.
Ngeunaan sanksi nu bakal ditibankeun ka nu ngedarkeun rokok ilegal, Rachmat nyebutkeun, hal eta wewenang bea cukai. Pihakna ukur negor jeung ngarampas roko ilegal.
Pelaksana Bea Cukai Cirebon, Rian netelakeun, nu ngedarkeun roko ilegal bisa dipidana, ngalanggar Undang-undang Cukai nomor 39 taun 2007 pasal 54.
Ngan nu dagang rokok ilegal di Majalengka tacan dijiret pidana ku sabab tukang warung masih loba nu acan paham balukarna dagang roko ilegal.
"Ka payun, upami warung atanapi toko ngical deui roko ilegal bakal diproses luyu sareng undang-undang," ceuk Rian. Roko ilegal hasil razia bakal sagancangna dimusnahkeun.*** Ayank R Sambara