KPUD Majalengka Ngagelar Gathering Media, Dipiharep Media Nyiptakeun Kualitas Pemilu nu Hade

- 11 Desember 2023, 08:51 WIB
KPUD Majalengka ngagelar‘Media Gathering di Hotel Fieris, Kertajati, Saptu, (9/12/1223).
KPUD Majalengka ngagelar‘Media Gathering di Hotel Fieris, Kertajati, Saptu, (9/12/1223). /Ayank/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Komisi Pemilihan Umum Daerah (KPUD) Majalengka ngagelar‘Media Gathering di Hotel Fieris, Kertajati, Saptu, (9/12/1223), dina raraga sosialisasi tahapan pemilu 2024.

Wartawan Majalengka nu ngaluuhanana: Persatuan Wartawan Indonesia (PWI), Ikatan Jurnalis Televisi Indonesia (IJTI), Aliansi Wartawan Indonesia (AWI), jeung Ikatan Wartawan Online Indonesia (IWOI).

Ketua KPUD Kabupaten Majalengka, H. Agus Syuhada muka sacara langsung eta kagiatan. Agus nyebutkeun sangkan media ngabantu nyukseskeun pemilu 2024. Di antarana ngawartakeun calon-calon legislatif di majalengka engkena media bisa jadi referensi warga dina nangtukeun pilihanana.

Baca Juga: Mieling Harkodia 2023, LSM Penjara Indonesia Majalengka: Praktek Korupsi Aya di Ampir unggal Tempat

"Simkuring miharep, supados Media tiasa nyiptakeun kualitas demokrasi di Majalengka hade. “Sanes mung saukur sukses, namung kedah aya oge velue ku sakumna media, dugi 2024 nyiptakeun demokrasi nu hade tur ngahadirkeun pamingpin nu mibanda kualitas nu onjoy,” ceuk Agus.

Hal nu sarua diungkabkeun Kepala Seksi Intelijen Kejaksaan Negeri Majalengka Moch. Ridwan Dermawan, S.H., M.H. Ridwan nu kungsi mancen tugas di Kejaksaan Negeri Sidoarjo nyebutkeun, media mibanda peran penting dina tahapan pemilu.

Disebutkeun Ridwan, pihakna hayang ngainspirasi rengrengan media sangkan dina kontek pemberitaan Pemilu kahareup bisa ngaedukasi masarakat. Hal eta tujuanna sangkan masarakat bisa input posistif ngeunaan kapemiluan.

“Dina hal ieu edukasi kawilang diperyogikeun kangge pembelajaran. Minimal ngaping masarakat kana hal nu positif,” ceuk Ridwan.

Di tempat nu sarua, Ida Agustina Fitriani, S.Pd., Kabid Media Diskominfo Majalengka, cumeluk ka sakumna wartawan satekah polah ngabantu pamarentah dina merangan hoax. Ida nyebutkeun, pihak Kominfo Majalengka geus mibanda akun media sosial nu tugasna pikeun nyinglar warta hoax.

“Kominfo parantos gaduh Instagram @mjlksaberhoax sarta kanal layanan whatsApp, kanggo ngelakeun warta hoax, nomerna 081312691717,” ceuk Ida. Inyana meredih ka sakumna wartawan ngafollow akun media sosial bieu.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x