Musabaqoh Qiroatul Maulid Al Barzanji di Ponpes Roudlotul Ulum, Ngalap Tuladan Nabi Muhammad SAW

- 27 November 2023, 07:49 WIB
Majlis Ta’lim Baitun Nidzom Karangsari, salasahiji patandang dina Musabaqoh Qiroatul Maulid Al Barzanji sa-Kacamatan Parongpong di Ponpes Roudlotul Ulum, Desa Cihanjuang, Kabupaten Bandung Barat, Ahad, 26 November 2023.*
Majlis Ta’lim Baitun Nidzom Karangsari, salasahiji patandang dina Musabaqoh Qiroatul Maulid Al Barzanji sa-Kacamatan Parongpong di Ponpes Roudlotul Ulum, Desa Cihanjuang, Kabupaten Bandung Barat, Ahad, 26 November 2023.* /R. AGAM/Galura/

GALURA.CO.ID. – Musabaqoh Qiroatul Maulid Al Barzanji sa-Kacamatan Parongpong di Ponpes Roudlotul Ulum digelar pikeun leuwih ngandelan kacinta umat Islam ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW.

Ku ayana Musabaqoh Qiroatul Maulid Al Barzanji sa-Kacamatan Parongpong, ogé keur ngaweuteuhkeun kayakinan umat Rasulullah kana ajaran jeung risalahna.

Tina pupujian jeung runtuyan du’a ti parapeserta Musabaqoh Qiroatul Al Barzanji sa-Kacamatan Parongpong téa, atuh copélna minangka tarékah enggoning ngarawat tradisi ngaderes Barzanji di kalangan majlis ta’lim.

Kitu antarana nu jadi udagan digelarna Musabaqoh Qiroatul Al Barzanji sa-Kacamatan Parongpong, di Ponpes Roudlotul Ulum Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, Ahad, 26 November 2023.

Éta Musabaqoh Qirotul Maulid Al Barzanji téh diiluan ku 13 grup majlis ta’lim ibu-ibu di sabudeureun Kacamatan Parongpong, saperti ti Desa Cihanjuang, Ciwaruga, Cigugurgirang, jeung nu lianna.

Baca Juga: Khanha Shandhika Masrahkeun Mas Bokor Mas Astagina ka Panitia Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa

Sakur grup majlis ta’lim diwengku ku 10 urang, kalawan durasi midang 10 menit. Dijurian ku tilu urang nu ngajén perkara kakompakan, mahroj, katut vokal.

Pinunjul kahiji, kadua, jeung katilu dina Musabaqoh Qiroatul Maulid Al Barzanji sa-Kacamatan Parongpong nu dipokalan ku Ponpes Roudlotul Ulum téh meunangkeun piala, piagem, sarta uang pembinaan.

Kitab Maulid Al Barzanji bisa disebut minangka karya sastra nu populer, nu eusina téh carita ngeunaan runtuyan kahirupan Nabi Muhammad SAW, pupujian ka Nabi, katut du’a-du’a.

Kitab Barzanji ilaharna sok dibacakeun dina acara muludan, salametan sunatan, nikahan, lagu marasan orok, ogé dina waktu malem Jumaah atawa malem Senén.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x