Musabaqoh Qiroatul Maulid Al Barzanji di Ponpes Roudlotul Ulum, Ngalap Tuladan Nabi Muhammad SAW

- 27 November 2023, 07:49 WIB
Majlis Ta’lim Baitun Nidzom Karangsari, salasahiji patandang dina Musabaqoh Qiroatul Maulid Al Barzanji sa-Kacamatan Parongpong di Ponpes Roudlotul Ulum, Desa Cihanjuang, Kabupaten Bandung Barat, Ahad, 26 November 2023.*
Majlis Ta’lim Baitun Nidzom Karangsari, salasahiji patandang dina Musabaqoh Qiroatul Maulid Al Barzanji sa-Kacamatan Parongpong di Ponpes Roudlotul Ulum, Desa Cihanjuang, Kabupaten Bandung Barat, Ahad, 26 November 2023.* /R. AGAM/Galura/

Kitab Maulid Al Barzanji nu dijieun geusan ngaronjatkeun rasa micinta ka Rosulullah SAW téh disusun ku Sayyid Zainal ‘Abidin Ja’far bin Hasan bin ‘Abdul Karim al-Husaini asy-Syahzuri al-Barzanji, nu gumelar di Madinah taun 1128 H/1716 M.

Anapon eusining Kitab Maulid Barzanji, gurat badagna mah ngaguar lalakon kahirupan Nabi Muhammad SAW kayaning rundayan kulawargana, kahirupan mangsa keur budak, mangkat rumaja, kagiatan usaha dagangna, nikahna Rosul ka Sayyidah Khadijah, mangsa diangkat jadi Rosul waktu umur 40 taun, dakwahna geusan nyebarkeun ajaran Islam, tepi ka kisah wafatna Rosul.

Baca Juga: Ngurus Sertifikat Tanah, Baheula Jeung Ayeuna

Dina Kitab Madarijus Shu’ud, Syekh Muhammad Nawawi Banten, mertélakeun, kautamaan Maulid Barzanji lir média nu mampuh jadi sababiyah datangna rupa-rupa kahadéan, sarta nu macakeunana baris meunangkeun karidoan ti Allah SWT.

Tahapan maca Barzanji diawalan ku maca Surah Al Fatihah, hadiahan pikeun Rosulullah katut Sayyid Ja’far al-Barzanji. Laju umajak ka jamaah maca solawat Nabi, tuluy ngaderes lalakon Nabi nu diwengku dina sababaraha bab.

Salasaurang juri Musabaqoh Qiroatul Maulid Al Barzanji sa-Kacamatan Parongpong, nu ogé pangurus Ponpes Roudlotul Ulum, HM Bahtiar AB, ngécéskeun, dina bab kakompakan, unsur nu diajén téh antarana adumanisna runtuyan bubuka bacaan, pairan jamaah sabot réngsé hiji perkara bagéan eusi kitab, sarta ogé pidangan yél-yél parapatandang.

Sedengkeun dina bab mahroj, luyu jeung hartina mahroj, diajén ngeunaan lafadna nu pas jeung katangtuan mahroj saperti hadé kocapna, bener, paséh, sarta tartil.

“Tah, dina perkara vokal mah nu diajén antarana waé pasna artikulasi lagu ngalafadkeun eusining Kitab Barzanji,” ceuk HM Bahtiar AB.

Dimimitian ti isuk mula tug parat tepi ka soré, éta Musabaqoh Qiroatul Maulid Al Barzanji sa-Kacamatan Parongpong nu lumangsung di Aula Ponpes Roudlotul Ulum téh gegek dilalajoanan warga ti nu jauh jeung deukeutna, teu kolot teu budak.

Teu tinggaleun, parapatandang majlis ta’lim ibu-ibu gé ngahadirkeun bobotohna, dipasieup ku rupa-rupa yél-yél kokojona.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah