Ku digelarna éta Musabaqoh Qiroatul Maulid Barzanji sa-Kacamatan Parongpong téa, HM Bahtiar AB miharep, malar mingkin terus karawat rasa micinta umat Islam ka Rosulullah.
“Lian ti ajang silaturahim jeung miara tradisi maca Barzanji, ogé urang sadayana masing tiasa istikomah ngalap ajén-inajén tuladan perjoangan Kanjeng Nabi Muhammad SAW kalayan dilarapkeun dina kahirupan urang sapopoé,” ceuk HM Bahtiar AB. ***