Silaturahmi Caleg DPRD KBB Dapil 3 ti Partai Demokrat, HM Bahtiar AB: Hidmat Santri Ngahontal Kamaslahatan

- 10 November 2023, 05:09 WIB
Kagiatan silaturahmi Caleg DPRD KBB Dapil 3 Pemilu 2024 ti Partai Demokrat, HM Bahtiar AB jeung warga, di Aula Ponpes Roudlotul Ulum Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, Kemis, 9 November 2023.*
Kagiatan silaturahmi Caleg DPRD KBB Dapil 3 Pemilu 2024 ti Partai Demokrat, HM Bahtiar AB jeung warga, di Aula Ponpes Roudlotul Ulum Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, Kemis, 9 November 2023.* /R. Agam/Galura/

GALURA.CO.ID. – Silaturahmi Calon Legislatif (Caleg) Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kabupaten Bandung Barat (KBB) ti Daerah Pemilihan 3 Pemilu 2024, HM Bahtiar AB, digelar minangka pamaheut geusan bajoang babarengan.

Dihadiran ku paratokoh masarakat, sesepuh, pamuda, ibu-ibu, sarta ondangan séjénna ti Desa Cihanjuang ogé Desa Sariwangi, éta silaturahmi Caleg DPRD KBB Dapil 3 Pemilu 2024 HM Bahtiar AB téh lumangsung di Aula Ponpes Roudlotul Ulum, Cisasawi, Desa Cihanjuang, Kac. Parongpong, KBB, Kemis, 9 November 2023.

Dina Pemilu 2024, kalawan resmi HM Bahtiar AB seja makalangan jadi Calon Legislatif DPRD KBB ti Dapil 3 nu ngawengku Kecamatan Parongpong, Lembang, katut Cisarua, ti Partai Demokrat, tur nempatan nomer urut 11.

Ceuk HM Bahtiar AB, dibarung ku patékadan geusan bajoang ngawujudkeun kamaslahatan balaréa, inyana gilig ancrub ka dunya pulitik tur satekah polah tatahar ti anggalna.

Baca Juga: Galura Cetak II November 2023, Ngungkab Akar Budaya jeung Sejarah Bebegig Sukamanatri Kabupaten Ciamis

Kasang tukangna jadi calon anggota DPRD KBB dina Pemilu 2024 téh geusan milu aub dina pamaréntahan di wilayah legislatif.

Minangka santri nu katelah kaom sarungan, inyana boga tékad kontribusi méré warna anyar keur kamajuan turta kamaslahatan daerah, utamana di Kabupaten Bandung Barat.

Lian ti éta, inyana boga pamadegan, yén geus waktuna kaom milenial gé mibanda kétak aktif pikeun kamajuan daerah, ku cara merjoangkeun tur ngawujudkeun aspirasi- aspirasi masarakat.

"Dina Pemilu 2024, geus waktuna kaom ngora milenial némbongkeun kétak turta makihikeun karya nyata ngahontal kaayaan nu leuwih hadé notog kana baldatun thayyibatun warrabbun ghafur kalawan bajoang di jalur legislatif," ceuk HM Bahtiar AB.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x