Hasil Pilkades di 22 Desa Selang Sapoe Kades Pinilih Diistrènan Bupati Bandung

- 14 Oktober 2023, 09:58 WIB
Bupati Bandung ngistrènan kepala desa tina hasil Pilkades Serentak 11 Oktober 2023 di Rumah Dinas (Rumdin) Bupati, Juma'ah, (13/10/2023).
Bupati Bandung ngistrènan kepala desa tina hasil Pilkades Serentak 11 Oktober 2023 di Rumah Dinas (Rumdin) Bupati, Juma'ah, (13/10/2023). /Sopandi/Galura.co.id

GALURA.CO.ID- Ukur kaselang sapoè sanentasna Pemilihan Kepala Desa (Pilkades) Serentak Kabupaten Bandung 2023, 11 Oktober 2023, 22 Kepala Desa (Kades) pinilih diistrènan Bupati Bandung, Dadang Supriatna di Gedung Moh. Toha Soreang, Juma'ah (13/0/2023).

Iwal ti 22 urang Kades hasil Pilkades Serentak dina eta kasempetan Bupati Bandung ngistrènan saurang Pejabat Antar Waktu (PAW), jeung saurang Penjabat (Pj).

Ceuk Bupati Bandung, digancangkeunana ngistrènan kades pinilih sangkan  anggaran taun 2023 bisa digunakeun. Supagi teu tepi ka lèunglt jeung lènglèt.

Baca Juga: Ngistrènan Direksi jeung Komisaris BUMD Bupati Bandung Husus ka Perumda Tirta Raharja Tingkatkeun Pangladen

"Dinten ieu simkuring parantos koordinasi sareng Pak Kapolres, Pak Dandim, Pak Kadis DPMD, katut Kejaksaan, supados saè ," pokna.

Dijèntrèkeun Dadang Supriatna, kituna tèh dilakukeun dumasar tina total pangitungan sakabèh TPS di 22 Desa.

"Ti ngawitan di perhètangan TPS, ngètang sasarengan ku panitia di desa, lajeng ngalangkungan rapat pleno, langsung ku P2KD disahkeun sareng dipasrahkeun ka simkuring ngalangkungan Camat sèwang-sèwangan. Teras simkuring mrosès palaksanana, Insya Allah ieu tos luyu katangtosan, " pokna.

Ka para Kades kapilih, Bupati ngawawadianan sangkan bisa adil, pinuh rasa tanggung jawab tur bisa ngaraharjakeun warga masarakat.

"Janten pamingpin masarakat tèh kedah tiasa aya dina kapentingan sakumna masarakat, 
turun ka lapangan, ngadamel program nu tepat sasaranana, tur tiasa sajalan sareng progam visi Kabupaten Bandung nu Bangkit, Edukatif, Dinamis, Agamis, Sejahtera (BEDAS)," pokna.*** Sopandi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x