Ciri Jalma Sukses Mungguh Allah SWT, KH Ubaidillah AB: Jalma nu Meunang Kauntungan

- 30 Agustus 2023, 14:35 WIB
KH Ubadillah AB, sesepuh Pondok Pesantrén Roudlotul Ulum Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.*
KH Ubadillah AB, sesepuh Pondok Pesantrén Roudlotul Ulum Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.* /Dok. PRIBADI/

GALURA – Sakur jalma di alam dunya pasti mibanda udagan kasuksesan dina kahirupanana.

Teu saeutik jalma nu mikahayang sukses téh hanjakalna ukur museur kana nu sipatna duniawi.

Padahal ukuran kasuksesan téh lain waé perkara harta, jabatan, katut bagbagan séjénna nu kahontal sampurna.

Anapon ceuk ajaran Islam, jalma nu sukses téh nyaeta jalma nu meunangkeun kauntungan atawa katelah Al Muflihun.

Ku kituna, ceuk sesepuh Ponpes Roudlotul Ulum, Cisasawi, Désa Cihanjuang, Kabupaten Bandung Barat, KH Ubaidillah AB, maranéhanana nu meunangkeun kauntungan téh nyaéta jalma-jalma nu jadi hamba Allah kalawan sahadé-hadéna.

Baca Juga: Galura Cetak I September 2023, Ngaguar Live Streaming Wayang Golek jeung Wayang Kulit

Dina laku lampah maranéhanana sapopoéna, teu weléh ngeusi waktuna ku ibadah sarta usaha pikeun meunangkeun rido jeung kanyaah ti Allah SWT.

Ciri-ciri jalma nu sukses téh antarana maranéhanana nu ti awal tepi ka ahir kahirupanana pengkuh tur taat dina ngajalankeun paréntah Allah, katut teu weléh muntang jeung sumerah ka Nu Kawasa.

“Sing saha nu ti awalna geus caang ku katawakalan bari tetep sumerah ka Nu Kawasa, insyaallah dina ahir kahirupanana gé baris dicaangan ku cahaya Ilahi,” ceuk KH Ubaidillah, Jumaah, 25 Agustus 2023.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x