Ciri Jalma Sukses Mungguh Allah SWT, KH Ubaidillah AB: Jalma nu Meunang Kauntungan

- 30 Agustus 2023, 14:35 WIB
KH Ubadillah AB, sesepuh Pondok Pesantrén Roudlotul Ulum Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.*
KH Ubadillah AB, sesepuh Pondok Pesantrén Roudlotul Ulum Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.* /Dok. PRIBADI/

Dina Qur’an Surah Al Imran ayat 104, Allah SWT ngadawuh, “Di antara maraneh téh aya sagolongan jalma nu umajak kana kahadéan, nanjeurkeun nu ma’ruf, tur nyegah tina kamungkaran. Eta maranéhanana saéstuna jalma-jalma nu meunang kauntungan.”

Satuluyna KH Ubadillah AB ge mertélakeun, jalma nu sukses téh nyaéta jalma nu taat ka Allah SWT jeung ngalaksanakeun tuladan Rasulullah.

Eta sakumaha nu kaunggel dina Qur’an Surah An Nur ayat 51, “Ukur kocap urang-urang mu’min, nu mun diajak muntang ka Allah jeung Rosul-Na sabot mutuskeun perkara di antara maranéhanana, maranéhanana laju pok, ‘Kami ngareungeu, jeung kami taat.’ Saéstuna maranehanana téh jalma nu meunang kauntungan.”

Baca Juga: Paguyuban Pasundan Kepri Mindeng Nyalametkeun TKI Ilegal jeung Ngabantuan urang Jabar nu di Ngaligeuh

Di sagédéngeun éta, numutkeun katerangan Ibnu Mas’ud, méh sagala di dunya téh eusina kabingungan jeung kasusah. Mun téa mah aya jalma nu meunang kabagjaan sarta kasenangan, éta téh minangka bonus ti Allah SWT.

“Ku kituna, geus sakuduna urang kudu terus sukuran ka Allah SWT. Sing saha jalma nu teu weléh sukuran kana ni’mat Nu Kawasa, bakal ditikelkeun éta ni’mat ku Allah SWT. Atuh pikeun nu teu sukuran, nya bakal dileungitkeun kani’matananana,” ceuk KH Ubadillah AB.

Ciri séjénna minangka jalma sukses dunya ahérat téh nyaéta jalma nu bisa ngadalikeun hawa nafsu.

“Sosobatan jeung jalma nu bodo tapi mampuh ngadalikeun hawa nafsu, éta leuwih hadé batan sosobatan jeung jalma alim tapi sok nganteurkeun kana hawa nafsu,” pokna deui.

Laju KH Ubaidillah AB mertélakeun, jalma teu weléh miduli ka sasama gé éta minangka golongan jalma sukses nu meunang kauntungan mungguh Allah SWT.

Jalma-jalma mu’min nu suksés bakal terus miduli ka papada jalma, boh ka dulurna boh ka sabudeureunana, ku cara sidkoh.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah