Salat Id 1 Syawal 1444 Hijriah Tingkat Jawa Barat, ti Lapangan Gasibu Dipindahkeun ka Masjid Raya Al Jabbar

- 21 April 2023, 15:00 WIB
Masjid Al Jabbar di Gedebage, Kota Bandung.*
Masjid Al Jabbar di Gedebage, Kota Bandung.* /Pikiran Rakyat/Muhamad Yoga Firdaus/

GALURA - Sidang Isbat anu dilaksanakan ku Kementerian Agama jeung pihak-pihak nu pakait dina 20 April 2023, hasilna nyindekkeun, yén 1 Syawal 1444 Hijriah téh ninggang dina poé Saptu, 22 April 2023.

Dina siaran pers-na, Kepala Dinas Komunikasi dan Informatika (Diskominfo) Jawa Barat, Ika Mardiah, nyebutkeun, Pemprov Jawa Barat mindahkeun lokasi Salat Idulfitri 1 Syawal 1444 Hijriah ti Lapangan Gabungan Sepakbola Indonesia Bandung Utara (Gasibu) ka Masjid Raya Al Jabbar (MRAJ).

Jadi, Salat Idulfitri 1 Syawal 1444 Hijriah tingkat Provinsi Jawa Barat baris dipuseurkeun di Masjid Raya Al Jabbar di wewengkon Gedebage, Kota Bandung.

Salila ieu, Lapangan Gasibu anu perenahna di peuntaseun Kantor Gubernur Jawa Barat Gedung Sate, Jalan Diponegoro, Bandung, téh, jadi “tempat maneuh” digelarna Salat Id ku para pejabat pamaréntah.

Baca Juga: Uding Solehudin, S.Sos: Lebaran Ngandung Dua Ajen, Idul Fitri jeung Halal Bilhalal

"Rarancangna, Gubernur Jabar Ridwan Kamil badé hadir dina pelaksanaan Salat Id engké di Masjid Raya Al Jabbar," ceuk Ika Mardiah.

Ika nyebutkeun, pelaksanaan Salat Idulfitri di MRAJ baris lumangsung Saptu, 22 April 2023, tabuh 06.00 - 08.00 WIB. Nu jadi imamna nyaéta KH Rif'at Aby Syahid, Pangasuh Pasantren Alquran Al Falah 1 Cicalengka, Kabupaten Bandung. Sedengkeun khatib-na Rektor UIN Sunan Gunung Djati (SGD) Bandung Prof. Mahmud.

Ika gé nyebutkeun, pelaksanaan Salat Id di MRAJ terbuka pikeun masarakat. Ngan cenah, dipiharep masarakat nu rék ngalaksanakeun Salat Id kudu mawa alas salat nu lain koran, tempat nyimpen sendal, sarta ngajaga kaberesihan masjid kalawan henteu miceun runtah di mana karep.

Iwal ti éta, Ika nandeskeun, masarakat ogé bisa milu kana arahan patugas masjid pikeun pangaturan katartiban parkir kendaraan di wewengkon Masjid Raya Al Jabbar. “Ogé hadir tepat waktu," ceuk Ika Mardiah.***

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x